CARITA
RAKYAT MASARAKAT SUKABUMI
Gununglingkung jeung Cicurug Pamerangan
Gunung Lingkung ayana di kaléreun Jampang Kulon, kiduleun
Léngkong. Dina taun 1930-an nepi ka taun 1942, Gununglingkung masih kénéh leuweung geledegan nu pinuh ku
tatangkalan baradag tur raweuy ku areuy. Kiwari loba tangkal baradag tinggal
tunggul balas dituaran ku jalma. Padahal saéstuna masarakat Jampang Kulon
mikabutuh Gununglingkung. Naon sababna?
Subur makmurna Jampang Kulon gumantung Gununglingkung.
Sawah nu aya di Jampang Kulon caina ti wahangan nu ngamalirna ti
Gununglingkung. Ieu cai ngamalirna ka belah kidul, nya éta ka Cikarang jeung
Ciwaluran. Ciletuh ngamalirna ka belah kulon nyaian sawah nu aya di Ciwaru,
Ciemas.
Wahangan nu aya di beh kalér ngamalirna ngaliwatan
Kacamatan Léngkong nu brasna ka sagara kidul nya éta; wahangan Ciléngkong,
Cikalér jeung Cikaso. Ciléngkong jeung Cikalér bobojongna di Cikaso. Sok sanajan
di hilireun Cikaso caina teu diamalirkeun pikeun nyawah, tapi loba méré manpaat
pikeun masarakat Jampang Kulon. Harita mah di wahangan téh loba laukan, malah
buhaya ogé nyampak, malah saupama meunang buhaya, kulitna téh sok diala tuluy
dijual ka Jakarta. Harita Wahangan Cikaso digunakeun keur jalan cai dina ngangkut
hasil bumi ti Muara Gedé nu dijualna ka tempat séjén.
Hanjakal, kiwari Gununglingkung geus gunul balas
dituaran ku jalma, balukarna karasa pisan ku masarakat nalika nyanghareupan
usum halodo. Dina taun 1976, kungsi wahangan saraat tug nepi ka ratusan héktar
sawah nandangan kagaringan.
Anu bakal dicaritakeun didieu nya éta Gununglingkung
jeung daérah disabudeureunana dina taun 1930-an.
Mangsa harita, méh unggal masarakat di Jampang Kulon,
boh budak, boh kolot tangtu nyaho kana cacandran (ramalan) Gununglingkung.
Nalika kolot keur ngariung ngawangkong dina hiji patempatan, ti éta tempat téh katempo
sakuliahna. Tangtu aya nu nyarita, “Éndahna Gununglingkung. Barudak, numutkeun
cacandran, itu leuweung nu ku urang katempo, hiji mangsa mah bakal dijadikeun tempat
pangungsian sarta tempat keur panyumputan. Lamun éta kajadian henteu kaalaman ku
urang, nya bisa ku anak incu kahareupna. Pokona masarakat Jampang Kulon. Éta
kajadian bakal karandapan, saupama Jampang Kulon dijadikeun tempat perang, sarta
saupama Jampang Kulon kadatangan musuh. Teuing saha musuhnana mah.”
Jampang Kulon katelah ogé Cicurug Pamerangan, sabab
numutkeun cacandran jaganing géto ieu tempat bakal jadi lahan perang.
Pamerangan asal tina kecap perang nu hartina diadu hiji kakuatan nagara jeung
nagara séjén sarta ngagunakeun sagala akal jeung pangabisa.
Saupama ditanyakeun saha nu ngamimitina ngucapkeun ieu
cacandran, dijawabna, “Cacandran mimitina ti karuhun, geus aya ti baheulana.
Geus wé, urang mah teu kudu nanyakeun timana jujutanana”
Nalika Walanda ngalawan Jepang dina perang dunya ka
dua. Sok aya jalma anu nyarita kieu, “Sigana ayeuna Cicurug bakal dipaké tempat
perang, jeung urang bakal ngungsi ka Gununglingkung. Moal henteu Jepang téh datangna
ti béh kidul. Boa jepang bakal asupna ti Ujung Genténg?”
Tapi nepi ka Walada nyerah ka Jepang, nepi ka Jepang
asup ka Jampang Kulon, malah nepi ka ngarakrak ka laut kidul, tapi gening taya
kajadian nanaon. Maksudna masarakat tetep cicing di tempatna séwang-séwangan.
Teu buktina éta cacandran, ngabalukarkeun sawaréh jalma mimiti leungit
kapercayaan kana éta cacandran. Tapi aya ogé anu nétélakeun, “Yén tacan nepi
kana ugana.”
Kira-kira dina taun 1943, di Jampang Kulon loba tantara
Jepang. Harita Jampang Kulon dijadikeun daérah pertahanan militer. Di béh
kidul, di Gunungbatu, diwangun bénténg anu dilengkepan ku radar nya éta ayana di
tapel wates antara Kacamatan Jampang Kulon jeung Suradé. Éta tempat digunakeun ku tantara Jepang pikeun nyanghareupan musuh,
saupama datangna ti sagara Kidul.
Aya saregu heiho di puncak Pasirpogor, nu ayana ditengah-tengah
dayeuh Jampang Kulon. Anu katelah heiho kansiso (pengawas). Pancénna nya éta
nempoan kaayaan di sabudeureun Jampang Kulon, bisi sawaktu-waktu aya nu nyusup.
Ti Pasirpogor éta, saupama nempo ka belah kidul tangtu bakl ketempo sagara
kidul, sarta saupaama nempo ka bélah wéta
tangtu bakal katempo Gununglingkung.
Di Suradé nyampak sabatalyon tantara Péta nu dipingpinna
ku Daidanco Abdullah bin Enoch ti Cianjur. Ku ayana pertahanan samodél diluhur,
mimiti aya deui kapercayaan masarakat kana éta cacandran nu méh leungit
kapopohokeun. Tapi sanggeusna lila ngadagoan, nepi ka Jepang di éléhkeun ku
Sekutu dina taun 1945, nepi ka dibubarkeunana Péta ti Suradé, sarta nepi ka ingkahna tantara Jepang ti Jampang Kulon, angger
wé taya kajadian nanaon.
Dina taun 1945-1946 urang Jampang Kulon geus poho kana
cacandran tadi, sabab geus méh sabaraha kali sangkaan teu meneran waé.
Dina taun 1947, pertahanan antara Sukabumi – Cianjur
jeung Sukabumi – Bogor bobol. Tantara urang kapaksa ngungsi ka tempat nu
nyingkur malah mah nepi ka Jampang Kulon, ka deukeut sagara kidul. Tantara
Walanda angger ngudag, tug nepi ka tantara Walanda ogé nepi ka Jampang Kulon.
Harita di Jampang Kulon geus pinuh ku tantara pajuang
Republik Indonesia. Salasahiji pamingpina nya éta Brigadir Jéndral Saptaji. Harita
perang lumangsung di éta Curug Pamerangan, ieu kajadian kayaning nu disebutkeun
cacandran di luhur. sanggeusna kajadian harita, masarakat Jampang Kulon inget deui
kana cacandran jeung tumuwuh deui kapercayaan kana cacandran Cicurug Pamerangan
jeung Gununglingkung.
(Ahmad Kudsi)
Cikaranggeusan
Cikaranggeusan nya éta ngaran hiji wahangan anu ngamalirna ti
Jampang Kulon ka Suradé. Numutkeun cacandran kolot baheula, naha ieu wahangan
ngaranan Cikaranggeusan, sabab cenah hiji mangsa ieu wahangan bakal
ngamalirkeun cai ka sawah nu aya di daérah Suradé. Cikarang nuduhkeun wahangan;
geusan = pikeun. Jadi Cikaranggeusan hartina Cikarang pikeun ……..pikeun saha? Nya
éta pikeun nyaian sawah di daérah Jampang Kulon jeung Suradé.
Ayeuna urang guar carita Cikaranggeusan
Dina ping, 17 agustus 1967 di alun-alun Kacamatan Jampang Kulon
diayakeun lawungan ku pamaréntah jeung rahayat Jampang Kulon anu diluuhan ku Pa
Bupati Sukabumi harita, nya éta Pa Kudi. Udagan tina éta rapat nya éta:
nangtukeun bakal dimimitiana nyieun irigasi di daérah Cibeureum nepi ka
Cikaranggeusan.
Dina taun 1968 -1969 sawaréh masarakat Jampang Kulon jeung Kacamatan
Suradé, babarengan migawé éta irigasi. Mimiti nu dipigawé masarakat nya éta
ngaratakeun tanah jeung nyieun jalan anu legana 3 nepi ka 4 méter. Satuluyna, ieu pagawéan dipilampah
ku PT. Pestadarma, nu antukna ti Cibeureum cai ngamalir ka Cikaranggeusan. Ti baheula
Cibeureum téh caina ditambah ti Ciseureuh. Jadi saéstuna cai anu ngamalirna jadi
hiji nya éta cai ti: Ciseureuh, Cibeureum, Cinguluwung jeung Cikaranggeusan nu
atukna ngamalir ka Kacamatan Jampang Kulon. Nepi ka di Jampang Kulon dijieun
sababaraha pintu air. Éta cai ngamalirna aya nu ka béh kulon, ngaliwatan
wahangan Ciawi, nu brasna ka Perkebunan Cijambé tuluy ka Wahangan Cikarang. Di
hilireun Cikarang aya irigasi ka Désa Citanglar. Di éta tempat cai ngamalir ka
tilu désa nu aya di Kacamatan Suradé.
Tina pedaran ti luhur, kabukti ngeunaan hiji cacandran
Cikaranggeusan éta.
(Radén Umar Basar)
Kadaleman
Ngaran Kadaleman nya eta nudukeun kana ngaran lahan tanah tegal nu
lega di Pasiripis, Suradé. Naon pangna dingaranan kitu? Ieu ogé aya cacandrana,
nya éta cenah mah jaganing géto ieu tempat bakal jadi tempat padumukan dalem
(dalem nya éta sesebutan pikeun bupati baheula).
Saméméh perang dunya ka dua Kadaleman mangrupa leuweung geledegan nu
pinuh ku tangkal baradag, kayaning tangkal ara, caringin jrrd. Dina taun 1942
nu miboga tempat panglegana di sakuliah Kadaleman nya éta lain masarakat
satempat. Mangsa harita Kadaleman katelahna tanah gg (gouvernements grond =
tanah pamaréntah).
Lahan béh kidul Padamelan nya éta tanah rahayat. Nu sabagéan lahana
geus jadi pasawahan. Éta sawah ngan saukur dipelakan saupama dina usum hujan
hungkul. Ieu tempat kaliwatan ku jalan provinsi nu brasna ka Ujung Genténg.
Sawaréh tanah di ieu tempat dipelakan ku séréh wangi. Harita mah di dieu tacan
loba imah, karak sababaraha hiji suhunan hungkul, diantarana imah mandor kebon
nu ayana ditungtung jalan, ngarana nya éta pa Marta, nu kiwari geus pensiun
tina Kepala Penerangan Kacamatan Ciemas. (mangsa harita).
Mangsa jaman Jepang, kebon séréh ieu dijadikeun bénténg pertahanan
Jepang. Di belah kidul kebon séréh aya perkebunan Cigebang, tapi geus ditutup. Ditutupna
éta pabrik téh ngabalukarkeun para buruh parindah ka tempat séjén. Buruh kebon
lolobana urang Jawa Tengah jeung Jawa Timur, di éta tempat meranéhna meuli
tanah nu satuluyna dijadikeun sawah, kebon kalapa jeung réa deui. Tangkal
kalapa nu ku maranéhna dipelak tuluy disadap keur bahan gula, nu hasilna katelah
gula kalapa. Ti harita maranéhna nyieunan gula kalapa, nu atukna jadi pausahaan
rahayat, dina sapoéna bisa ngahasilkeun rata-rata sapuluh ton.
Sanggeusna Suradé miboga tambahan irigasi cai, masarakat ogé bisa
ngagarap sawah nepi ka dua kali dina sataun. Padalah saméméhnana mah ngan
sataun sakali. Lian ti nyawah aya ogé masarakat nu ngebon palawija, miara lauk,
manila, doma, embé jeung sajabana.
Kiwari urut kebon séréh téh geus pinuh ku imah. Malah di geus aya SD
inpres, gedung kesenian, pasar, toko-toko, jeung tempat panggilingan paré.
Atukna ieu daérah pinuh ku wangunan nepi ka belah kidul. Caritana ieu patempatan
geus jadi dayeuh, padahal saméméhnana mah tegal nu taya imah sarta pangeusina.
Kiwari kaayaanna geus robah, atukna harga tanah ogé jadi milu mahal.
Lian ti éta, masarakat satempat miboga penghasilan séjén nya éta tina
agar-agar nu dialana nalika usum halodo. Masarakat kari daék inditna ka laut,
tangtu nyampak agar-agar anu kawilang loba, malah bakating ku loba éta
agar-agar bisa dikirimkeun ka kota jeung ka luar negri sagala.
Baheula di béh kuloneun Kadaleman, deukeut Cikarang, aya hiji kulah
tempat ngubangna munding, nu katelahna Dungus Balingbing. Kiwari ieu tempat
geus diimahan pikeun kulawarga AURI. Aya
nu nyarita yén kecap balingbing dina dungus “balingbing” hartina lain nuduhkeun
kana ngaran buah, tapi singkatan anu miboga harti baling-baling. Jadi dungus
Balingbing téh hartina nya éta tempat baling-baling.
Masarakat harita neundeun harepan nu gedé pisan ka alam
sabudeureunana. Harita mah upamana cai teu ngalir alatan kapenetan, tangtu
diréngsékeun sacara babarengan.
Salian dina hal tatanén, di Jampang Kulon ogé nyampak bahan – bahan
tambang, upamana:
1. Titanium, di Desa Cipeundeuy
2. Asbes bodas jeung hideung di Desa Cikangkung
3. Emas jeung timah di Ciemas jeung Lengkong
Nempo ayana kamajuan saperti nu ditétélakeun di luhur, cacandran
ngeunaan Kadaleman kacumponan ogé. Sok komo nambahna sababaraha Kemantrén di
Kewadanaan Jampang Kulon (harita), nu bakal jadi kacamatan-kacamatan. Upamana
kamantrén Kalibunder di Kacamatan Jampang Kulon, hiji kamantrénan di Ciemas,
jeung hiji Kamantrénan di Kacamatan Suradé.
(Radén Umar Basar)
Cicurug
Pamerangan
Jampang Kulon, ayana kurang leuwih 90 km béh kidul Sukabumi. Jampang
Kulon katelah ogé Cicurug Pamerangan, ieu ngaran nyoko kana ngaran hiji
wahangan nu teu jauh ti ieu tempat nya éta Cicurug Pamerangan. Hulu cai ieu
wahangan ayana di kaléreun Jampang Kulon, nu bijilna tina batu kapur
dihandapeun hiji tangkal badag.
Di tonggoheun ieu hulu cai aya hiji makam nya éta makam Embah
Bungsu, inyana salasaurang tina opat sadulur nu ngababakan Jampang Kulon, nu
asalna ti Imbanagara. Cenah ceuk béja Embah Bungsu téh miboga kasaktén,
diantarana nya éta:
Dina hiji poé, nalika inyana jeung para pangikutna rék meuntas
wahangan nu keur caah. Harita taya rawayan pikeun meuntas. Inyana cukup ku
salamar benang kantih pikeun nyieun jamatan nya éta kucara nalikeun benang kana
batu, tuluy éta batu di babétkeun ka peutas wahangan. Sanggeusna kitu arinyana
meuntas éta wahangan. Sanggeusna meuntas wahnagan, éta benang digolongan deui
tuluy diasupkeun kana kantong.
Sanggeusna Embah Bungsu tilar dunya, makamna loba nu ngajiarahan.
Malah numutkeun carita masarakat, yén
Abah Jampang anu katelahna jawara di Jakarta, kungsi tapa di ieu makam.
Sanggeus inyana balik deui ka Jakarta, mindeng inyana bulak-balik ka
Jampang Kulon pikeun nyokot cai tina hulu cai pikeun dijual ka jalma nu percaya
kana hasiatna. Cenah éta cai téh cai karamat.
Cai ti Cicurug ngamalir ka béh kidul. Di hilirna di jieun bendungan
pikeun nyaian sawah nu aya di Jampang Kulon. Kira-kira ti hulu cai jauhna 1-2
km, aya hiji surupan (cai wahangan asup kana hiji liang nu kaluarna di tutugan
gunung sabeulahna deui), nu ngarana Surupan Badak. Cenah baheulana ieu tempat sok
dipaké guyang badak (taneuh nu legok urut guyang badak disebut kubang), saperti
anu geus ditétélakeun di luhur, yén Jampang Kulon baheulana mah mangrupa
leuweung geledegan.
Éta wahangan dingaranan Cicurug Pamerangan nya éta ku sakur
masarakat Jampang Kulon hungkul, sabab urang Suradé mah nelaha Cipamerangan. Di
Suradé ieu wahangan jadi ngabadagan, sabab geus deukut ka laut. Tapi sok
sanajan kitu ieu cacandran tetep kayaning di Kacamatan Jampang Kulon.
(Ahmad Kudsi)
Cibeureum
Ieu cacandran kiwari geus kabuktian, nya éta nalika tantara Walanda
asup ka Jampang Kulon kira-kira dina taun 1947. Dina mangsa harita perang téh
lain perang anu leutik, sabab teu réngsé dina hiji nepika dua bulan. Para
pajoang mundur ka desa Cimanggu meuntas Wahangan Cibeureum.
Cibeureum nya éta hiji wahangan anu ngamalirna di desa Cimanggu, ti
béh kalér ka bélah kidul. Ieu wahangan teu gedé, ngan leuwih gedé saeutik ti
batan wahangan Cicurug Pamerangan. Numutkeun cacandran naon pangna disebut
Cibeureum, sabab jaganing géto dina hiji mangsa éta caina bakal jadi beureum ku
getih. Carita nu ngabuktikeun ieu cacandran bakal dipedar ieu dihandap.
Numutkeun carita ti jalma nu ngalamana sorangan, nya éta Nuryani
salasaurang patani di Jampang Kulon. Mangsa pajoang urang mundur, manéhna tetep
cicing di tempat pendudukan sarta ilubiung ngabantuan para pajoang harita.
Dina hiji poé Nuryani ngalongok dulurna, nya éta salah saurang
pamingpin pajoang, nu harita keur nandangan gering di daérah nu keur di
bajuagkeun, nu ayana di peuntaseun wahangan Cibeureum. Mangsa janari inyana
balik. Nepi ka sisi wahangan téh masih kénéh poék. Mimiti mah leumpang téh
sangeunahna wé, teu nelek nelek nu aya di sakuliahna. Nalika poé geus rada
caang, kakarak inyana sadar yén titatadi téh inyana leumpang diantara layon
rahayat jeung para pajoang nu ting golepak, nu dipaéhan ku Walanda nalika
ngayakeun pemberesihan kampung-kampung dina mangsa gencatan senjata.
Tah, bisa jadi tina getih para pajoang jeung rahayat ieu nu
ngabuktikeun cacandran, yén cai Cibeureum jadi beureumna téh tina getih.
(Ahmad Kudsi)
A.
Hikayat/Tokoh
Pasaréan Embah Cigangsa
Cigangsa nya éta ngaran hiji kampung nu aya di béh kuloneun
Kacamatan Suradé. Pangna dingaranan Cigangsa sabab ayana deukeut jeung wahangan
Cigangsa. Ieu kampung ayana desa Jagamukti (baheula).
Nalika pamaréntahan Walanda, di béh hilir wahangan Cigangsa, dijieun
hiji bendungan. Caina digunakeun pikeun nyaian sawah anu aya di Kacamatan
Suradé. Kusabab caina kurang, satuluyna ditambah ku cai ti Cikarang.
Di Cigangsa aya hiji makam, nya éta makam Embah Santri Dalem, nu
kiwari katelahna Embah Cigangsa. Embah Santri Dalem nya éta saurang bangsawan
Imbanagara nu nepi ka Jampang Kulon bareng jeung Surawijangga nu geus
dicaritakeun dina sajarah Jampang Kulon. Mimiti jeung dulurna, inyana
ngumara ka Cicurug Pamerangan. Tuluy
inyana dumuk di Cigangsa. Inyana milih ieu tempat sabab tanahna subur. Sanajan
daérahna aya di pasir tapi teu kakurangan cai sanajan dina usum halodo. Atukna
ieu tempat di jadikeun sawah jeung kulah pikeun miara lauk.
Embah Cigansa ngababakan di ieu tempat tuluy dumuk di ieu tempat tug
nepi ka tilar dunyana. Nepi ka kiwari loba jalma nu jarah ka makamna. Tujuan
jalma anu daratang ka éta makam nya éta jalma anu miboga kahayang. Upamana:
hayang meunang pagawéan, hayang naék pangkat, lamun tukang dagang hayang untung
dagangna, jrrd. Ieu kuburan dipiara ku
saurang kuncén sacara turun tumurun. Ieu kuncén neundeun sababaraha barang
pusaka milik Embah Santri Dalem jeung bojona, upamana: bokor, séndok dua,
salamar kaén sarung sarta salendang, jrrd. Harita, ieu kuncén téh umurna geus
kolot pisan, ngadanguna ogé geus rada ngurangan. Jenengan ieu kuncén nya éta ki
Badra. Duka teuing katurunan sabaraha ti kuncén nu mimiti, nu asalna ti
katurunan pengawal nu satia. Numutkeun Ki Badra barang pusaka éta miboga
khasiatna séwang-séwangan, tapi hasiatna éta barang ngan saukur bisa
didangukeun langsung ti Ki Badra sorangan.
Ceuk carita batur, Aki Badra téh salasaurang anu miboga kasaktén,
diantarana nya éta: upama Aki Badra migawé sawah atawa huma biasana sok
tipeuting sarta ku sorangan. Lamun saupama ditanya naon pangna barang gawé ti
peuting, ngajawabna, yén tipeuting mah bisa ribeh baranggawé jeung teu ka
ganggu ku panasna panon poé sarta ku sémah.
Conto nu séjén deui: lamun aya jalma ménta tulung pikeun newak
munding nu masih kénéh linghas (harita mah munding téh biasana dikencarkeun,
upama ditéwak téh nalika mundingna arék dipaké pikeun nyamut sawah hungkul),
néwak ieu munding teu hésé pikeun Ki Badra mah. Kari muka baju atawa naon waé
nu nyantél dina awakna, tuluy diteundeun ditempat anu sakirana bakal diliwatan
ku munding. Lamun saupmana éta munding nepi kana éta tempat, tuluy cicing,
tinggal kari nalian.
Jalma réa miboga anganggapan, kuncénna geus sakieu
jagona, komo deui Embah Cigangsa. Meureun éta salah sahiji kasangtukang nu
matak ieu tempat loba nu ngajiarahan.
(Ukri Sumaatmaja)
Karangbolong
Lamun saupamana ngadéngé ngaran Karangbolong, nu bakal ka inget ku
urang nya éta guha-guha nu ngahasilkeun sayang walét, nu kawéntar mahal
hargana. Tah, Karangbolong nu bakal dicaritakeun didieu nya éta ngaran hiji tempat
nu aya di basisir kidul Desa Cibitung, Kacamatan Suradé. Naon pangna ieu tempat
dingaranan Karangbolong? Sabab disapaparat éta basisir aya karang anu barolong
ka béh kidul nu jerona nepi ka mangpuluh-puluh metér, nepi ka jadi guha. Dina
jero ieu guha loba pisan sayang walétna. Ieu sayang walét sok dialaan tug nepi
ka jadi salasahiji pausahaan daérah Kabupatén Sukabumi.
Karang Bolong ayanan kurang leuwih 9 km ti Suradé. Didinya aya dua
kuburan, nu biasana sok dijarahan sabab
dianggap karamat. Biasana nu jarah ka éta tempat nya éta jalma nu hayang
meunang pagawéan, nu hayang gancang beunghar, jeung sajabana.
Numutkeun carita, kuburan anu ayana di béh kalér wanguna rada
panjang nya éta kuburan Éyang
Martanagara nu satuluyna katelah Éyang Radé Martadilaga. Inyana nya éta salah
saurang nu nyebarkeun Islam di Cibitung, Kacamatan Suradé. Tempat nu kungsi ku
inyana dicicingan kiwari katelahna Karadénan, sabab Éyang Martanagara nya éta
salah saurang Radén turunan ti Imbanagara, ieu ngaran ogé pikeun nginget jasana.
Kuburan anu hiji deui nya éta kuburan Embah Beureum, mangsa inyana
kadinya masih kénéh ngagem agama Prebu (meureun agama Hindu)
Boh Éyang Martanagara, boh Embah Beureum dua-duana hayang jadi
pangawasa didinya. Ku kituna arinyana sapuk pikeun ngadu kasaktén. Saha nu éléh
kudu tunduk ka nu meunang. Arinyana ngadu kasaktén nya éta ku cara palila-lila
tapa. Cara arinyana tapa nya éta juntai nyanghareupan laut. Lila ieu tapa nya
éta dua taun.
Mimiti arinyana tapa, poé ka poé, minggu panggih minggu, bulan
tepung bulan atukna tepung ka satauna. Harita Embah Beureum teu kuateun, nu
atukna éléh. Sedengkeun Éyang Martanagara tapana nepi ka dua tauna, saperti nu
geus ditangtukeun lilana tapa nya éta dua taun.
Sanggeusna kitu, Embah Beureum sumerah diri ngaku éléh. Satuluyna
ieu Embah Beureum ngagem agama islam. Sanggeus arinyana tilar dunya, duanana di
kuburkeun di Karangbolong.
Pikeun masarakat Karangbolong bisa ogé dijadikeun totondén. saupama
karang-karang éta loba ngeclakeun cai, tangtu bakal masarakat nandangan
panyakit bolongeun. (samodél patek). Panyakit anu teu cageur ku diobatan, ngan
cageurna saupama nepi ka ugana datang.
(Ukri
Sumaatmaja)
Pasaréan
Batukasur
Pasaréan Batukasur ayana di Gungunglingkung. Batukasur ieu katelahna
ogé Tanjung atawa Kutajero, nu asupna ka Kacamatan Léngkong, kawedanaan
Jampangkulon (harita). ieu tempat kurang leuwih 7 km ti kacamatan Léngkong,
jalanna ka Perkebunan Mataram.
Kuncén éta makam harita mah nya éta Ama Juki. Numutkeun katerangan,
ieu makam Ama haji Soléhnu kawitna ti Solo. Inyana miang ka Cirebon Girang
sarta dumuk di Kampung Talaga. Didinya inyana katelah Embah Dalem Wirasuta. Teu
lila didinya, tuluy inyana tilem. Aya deui di Limbangan Garut. Didinya ogé
inyana teu lila, tilem deui. Ceuk béja inyana ka Sumedang ngagunakeun ngaran
samaran Éyang Jaya Perkosa. Tapi cenah didinya ogé inyana teu lila, tuluy tilem
deui.
Inyana gumelar deui di Jakarta, di kampung Gudang Bata. Teu lila
didinya inyana tilem deui. Aya deui di Cipanengah, Sukabumi. Teu lila didinya
inyana tilem deui satuluyna aya di Cikembar Kabupatén Sukabumi. Tidinya inyana
tilem deui, tidinya taya nu apal kamana inyana indit. Ngan aya deui warta cenah
inyana aya di Kutajero, disabudeureun Gunung Sunda, di Gununglingkung. Ngaran
Gunung Sunda cenah dumasar kana ngaran Ratu Sunda nu kungsi nyieun pasanggrahan
di éta tempat.
Di ieu tempat Éyang Jaya Perkosa baganti jadi Embah Térong Péot,
Kandang Hapa, Boros Cobrang/Boros Kaso.
Di éta tempat aya hulu cai wahangan nu ngarana Cikaso. Bisa jadi éta
ngaran dumasar kana ngaran Embah Boros Kaso.
Di Kutajero Embah Jaya Perkosa ngababakan sarta tatanén nya éta
melak paré jsb. Didinya inyana baganti ngaran nya éta Ajengan Bélékéték. Tapi
satuluyna inyana dipikawanoh jadi Ama Haji Soléh.
Mangsa harita inyana kungsi nyieun hiji wahangan, ku sorangan,
satuluyna caina di ngamalirkeun ka béh kidul, nepina ka tempat anu kiwari
ngarana Kalibunder, ieu wahangan nyagak ngurilingan tempat padumukanana.
Meureun kitu ogé kasangtukangna dingaranan kalibunder. Sanggeus inyana tilar
dunya, tuluy dimakamkeun di Batukasur. Nepi ka kiwari makamna loba
nungajiarahan, sabab dianggap karamat.
(Ama Juki)
B.
Dongéng Sasakala
Sri
Sekarwangi
Kacaritakeun
dina jaman baheula, aya hiji Raja nu jenenganana Radén Prabu Munding Giringan,
nu dumukna di girangeun Situ Hiang atawa di Situ Gunung Tutugan Gunung Gedé
Pangrango nu ayana di Kabupatén Sukabumi. Ieu Raja puputra tilu urang. Tilu dua
lalaki sarta saurang awéwé anu pang bungsuna. Kacaritakeun, yén sadayana
murangkalihna angkat tatapa, nuju nyaba élmu nyiar pangarti keur semabeheun ka
Hiang Widi. Lian ti éta, ieu tatapa téh pikeun nangtukeun saha nu satuluyna
bakal jadi raja. Kacarita geus mang taun-taun ieu murangkalih niggalkeun Situ
Hiang, tapi éta palaputra sareng putrinana tacan kénéh mulang ka imah. Ieu hal
jadi ngahariwangkeun Radén Prabu Munding Giringan.
Hiji
poé dina hiji bulan, salah sahiji murangkalih bungsu nu jenenganana Sri
Sekarwangi balik ti patapaan. Bingah taya papadana Radén Prabu Munding
Giringan, bisa dipanggihkeun deui jeung putrina. Papada sono anggang henteu
tepang, jauh nu kalintang lamina. Cumarita ngalér ngidul ka sagara, tug nepi ka
Sri Sekarawangi mikanyaho yén lanceukna tacan aya anu baralik deui ka Situ
Hiang.
Aya
rasa nyaah ka nu jadi laceuk teug nepi ka kedal ucap badé néang dimana waé
tempatna. Karak mah diamprokeun jeung nu jadi anak, ayeuna kudu ditinggalkeun
deui. Radén Prabu Munding Giringan teu tiasa kukumaha mung widi jeung doa
kasalametan.Widi geus aya dina diri, tekad geus nyampak dina taktak, rék
ngajug-jug jalan mapay tempat tatapaan keur néangan nu jadi lanceuk.
Kacaturkeun
Sri Sekarwangi turun gunung ti Situ Hiang Situ Gunung, tutugan Gunung Gedé
Pangrango, mimiti lalampahanana ka béh kidul. Di sajalaneun néangan lanceuk ieu
Sri Sekarwangi ngadangu aya sora gumuruh tina hiji gunung. nalika di riksakeun
ka éta tempat kasampak taya nanaon, nya tidinya
anjeuna supata “Jaganing géto, ieu tempat kudu dingaranan Gunungguruh”.
Kiwari ieu tempat ayana di Kabupatén Sukabumi.
Sri
Sekarwangi nuluykeun deui lalampahan, nepi ka anjeuna tatapa dina hiji tempat.
Nalika tatapa, kadéngé aya sora cai nu ngamalir. Ngarasa panasaran, Sri
Sekarwangi hudang tina tapana tuluy ditéang éta sora cai. Sanggeuna kapanggih
jeung di tempo gening lain wahangan badag tapi susukan anu caina leutik ari
kadéngéna jiga badag. Didinya anjeuna
supata ”Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan Cisaat”
Sanggeusna
tidinya, ieu Sri Sekarwangi angkat deui lalampahan ny éta ka béh wétan. Nalika
di jalan manggih tangkal cau kolé anu ngabérés dina sisi susukan, teras anjeuna
supata “Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan Kolé Bérés, sabab loba cau
kolé ngabérés”. Kiwari aya Kampung Kolébérés di Kacamatan Warudoyong.
Ti
dinya Sri Sekarwangi leumpang ka girangeun ieu susukan. Di girangeun ieu
susukan, anjeuna manggih tangkal waru badag anu doyongna ka susukan. Nya
tidinya anjeuna supata “Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan Warudoyong,
sabab nyampak tangkal waru anu doyong.” nepi ka kiwari ieu tempat dingaranan
Warudoyong nu ayana di Kacamatan Warudoyong. Tidinya anjeuna leumpang ka belah
wétan, meuntas ieu susukan.
Aya
béja pa béja béja cenah Putri Sri Sekarwangi badé ajrek ka ieu tempat. Di ieu
tempat loba sigung anu pasedek-sedek dina rawa, sabab hayang ninggali Putri Sri
Sekarwangi. Sanggeuna éta kajadian, ieu tempat dingaranan Rawasedek. Tidinya anjeuna lalampahan ka béh kalér. Di
sajalaneun, ieu Sri Sekarwangi nempo aya aki-aki anu keur dieuk dina handapeun
tangkal dua. Ieu tangkal dipageran ku awi sacangkéng. Nempo kitu tuluy Putri
Sekarwangi nyampeurkeun éta aki-aki, tuluy nyarita.
“Aki,
dupi aki téh nuju naon?
”Nuju
ngatosan ieu tangkal” walona éta aki-aki
“Tangkal
naon kitu ieu téh?” Ceuk Sri Sekarwangi
“Nya
éta abdi ogé teterang, ngan dipiwarang nungguan wé” Ceuk éta aki-aki.
“Cing
mana nempo buahna?” Ceuk Sri Sekarwangi.
Sanggeusna
nampa éta buah, ku Sri Sekarwangi buahna diangkat diakurkeun jeung sirahna.
Bari ngakurkeun bari cumarita.
”Ieu
buah kudu dingaranan sirah.. sirah... Ah teu pantes.” Ceuk Sir Sekarwangi bari
nurunkeun ieu buah. Teu lila diangkat deui ieu buah téh sabari nyarita.
“Ieu
buah téh kudu dingaranan kepala... kepala.....kalapa...... tah gening éta
pingaraneun ieu buah téh” ceuk Sri Sekarwangi sabari nurunkeun éta buah.
“Geus,
ieu buah ngaranan kalapa, sarta ieu temapat ngaranan Kebonkalapa sabab tangkal
nu jadina lain hiji.” Ceuk Sri Sekarwangi.
Kiwari
aya tempat nu ngarana Kebonkalapa. Geus tidinya, anjeuna angkat deui lalampahan
nya éta ka béh kalér. Di kalér, dina tangkal bunut loba aul. Aul ieu
pabéja-béja yén Putri Sri Sekarwangi bakal ngaliwat ka éta tempat. Sora aul
minuhan ceuli sakur nu ngadéngéna, ieu aul pabéja-béja jeul aul anu aya di
Kebon Jati. Kiwari aya tempat nu ngarana Kebonjati jeung Ciaul. Di éta tempat
Putri Sri Sekar wangi mendakan lanceukan nu ka tilu. (ngarana teu kasebutkeun,
nu ngadongéngna geus poho)
Sanggeusna
lanceuk nu ka tilu kapanggih, Sri Sekarwangi lumampah ka bélah kulon. Nalika
keur lalampahan Sri Sekarwangi anjog ka tempat nu loba batu. Didinya anjeuna
tapa, teu lila kitu, lanceuk anu ka dua kapanggih, nya éta keur tatap dina
sela-sela batu. (ngarana teu kasebutkeun, nu ngadongéngna geus poho). Di éta
tempat Sri Sekarwangi supata, “Jaganing géto ieu tempat kudu dingaranan
Selabatu. Kiwari aya tempat nu ngarana Selabatu.
Sanggeusna
lanceuk nu ka dau kapanggih, tuluy ieu Putri Sri Sekarwangi nuluykeun deui
lalampahanana ka bélah kalér maksudna néang lanceuk nu ka hiji. Di kalér,
anjeuna manggih lanceukna nu ka hiji. (namina teu kasebutkeun, nu nyaritana
hilap). Ieu lanceukna nu ka hiji tatapa dina sela-sela tangkal bintinu. Di
ilikan ieu tempat loba tangkal bintinu. Didieu Sri Sekarwangi cumarita ”Ieu
tempat bintinu, ulah bintinu tapi bintana. Jaganing géto ieu tempat kudu
dinagaranan Salabintana”. Kiwari, aya tempat ngarana Salabintana, nya éta di
Kabupatén Sukabumi. Deukeut jeung tutugan Gunung Gedé. Tutup carita Prabu
Munding Giringan Situ Hiang Situ Gunung Tutugan Gunung Gedé Pangrango.
Sumber: Bapa Herman (88 taun)
Pakujajar di Gunung Parang
Ieu carita lumangsung kira-kira dina jaman rugrugna Pajajaran, nya
éta nalika Pajajaran diserang ku Cirebon, Demak jeung Banten. Harita Sukabumi
tacan katelah Sukabumi. Ieu tempat ayana di tutugan Gunung Gedé jeung Gunung
Salak nu katelahna “Papanah Awatan Pagadungan”, nu aya dina pangawasa Pajajaran
Tengah, wewengkon Bogor.
Mangsa Pajajaran digempur ku Cirebon, Demak, jeung Banten, daérah
Pagadungan ogé teu luput diserang. Puseur Kabupatén Pagadungan ieu kira-kira
ayana di daérah Gunung Walat (daérah Cibadak), baheula katelahna “Kadatuan”
atawa “Kabupatian” Pamingkis. Nu jadi bupati atawa datu dina mangsa harita nya
éta: Ki Ranggah Bitung, sarta bojona Nyi Radén Puntang Mayang.
Kadatuan Ranggah Bitung diserang jeung diduruk ku musuh, nepi ka
ludes. Ranggah Bitung perlaya nalika perang ngalawan musuh nepi ka pangimeutan;
harita Nyi Radén Puntang Mayang keur kakandungan. Pikeun nyalametkeun Nyai
Radén Puntang Mayang, jaro (lurah) Kadatuan nu ngarana Ki Loa Kutud jeung
istrina, Nini Tumpay Ranggeuy Ringsang, mawa Nyai Radén Puntang Mayang ngungsi
mimiti ka Gunung Bongkok, nu ayana di daérah Cibadak. Didinya meunang
katerangan ti Tutung Windu, yén Radén Puntang Mayang kudu di bawa ka Gunung
Sunda, nu ayana di daérah Palabuhanratu.
Dumasar kana pituduh Resi Tutug Windu, Nyai Radén Puntang Mayang
dibawa ku Ki Jaro. Di tengah lalampahan, kabeneran Ki Jaro panggih jeung
saurang budak lalaki nu umurna 6-7 taun. Ditanya timana asalna. Tapi éta budak
teu daék nyarita. Teu lila budak téh, yén manehna geus aya di ieu leuweung
sabab aya nu mawa nalika kampungna diduruk musuh. Ki Jaro miboga kayakinan, yén
ieu budak lain budak samanéa. Satuluyna ieu budak dibawa ngungsi babarengan.
Harita Gunung Sunda masih kénéh leuweung geledegan. Di pangungsian
di Gungung Sunda, Ki Jaro ngurus jeung nalingakeun Nyai Radén Puntang Mayang.
Nepi ka mangsana Nyai Radén Mayang Puntang ngababarkeun budak awéwé, nu geus
gedéna dibéré ngaran Nyai Arum Pundak Saloyang atawa numutkeun versi
Sumberwangi nu katelahna Nyai Radén Pundak Arum. (pudak= kembang jaksi; Arum =
deungit; pudak arum=kembang jaksi nu seungit).
Budak anu harita meunang panggih di jalan ogé sarua di urus ku Ki
Jaro dipikanyaah sakumaha mistina. Sanggeusna gedé éta budak lalaki dibéré ngaran Wangsa Suta.
Kusabab Nyai Arum Pudak Saloyang jeung Wangsa Suta hirup jeung digedékeun di tempat anu sarua, atukna
aya rasa nu tumuwuh antara duanana. Cindekna ieu jajaka jeung wanoja meungkeut
tali asih.
Sok sanajan tali asih geus dibeungkeut
jeung Nyai Pudak Saloyang, Wangsa Suta miboga kahayang pikeun nyuprih pangarti
heula. Sanggeusna meunang ijin ti Ki Jaro, Wangsa Suta miang leuleuweungan.
Lalampahan
Wangsa Suta ka béh kiduleun Gunung, deukeut daérah Cikembar. Didinya Wangsa
Suta panggih jeung saurang Resi, ngarana Saradéa. Sanggeusna ditarima jadi
murid. Wangsa Suta diajarkeun élmu pangaweruh, élmu kasaktén, élmu bangunan,
élmu perang, jsb.
Resi Saradéa talatah ka Wangsa Suta, yén saméméh Wangsa Suta kawin
jeung Nyai Pudak Saloyang, manéhna kudu nyieun heula lembur. Éta lembur ayana
di tempat nu aya tangkal kiara kembar,
nya éta ayana di Gunung Parang. Mimitina ngabuka leuweung nya éta kudu ditempat
paku jajar ngadahan lima, tempatna déngdék ka béh kidul, di tegal kolé nu dauna
wungu jeung rupa kembangna héjo. Sanggeuna éta témpat kapanggih tuluy wangsa
Suta muka lahan pilembureun atawa ngababakan di tempat tegal kolé.
Teundeun carita ngeunaan Wangsa Suta, ayeuna urang téang lalampahan
Nyi Pundak Saloyang.
Geulisna Nyi Pudak Saloyang kawéntar kamana-mana, tug nepika loba
gegedén nu mikahayang pikeun jadi pamajikanana. Hiji mangsa datang utusan ti
Demang Sukamukti nu mancén gawé keur ngalamar Nyi Pudak Saloyang pikeun jadi
selir. Ki Jaro jeung Nyi Pudak Saloyang teu bisa kukumaha. Saéstuna lamaran téh
geus di tolak ku Nyi Pudak Arum, tapi Nyi Pudak Arum dipaksa.
Ngarasa dipaksa, Nyi Pudak Arum teu narima, atukna gelut jeung éta
utusan. Nyi Pudak Arum nya éta wanoja anu sakti. Nalika diserang ku utusan
tadi, éta keris utusan dipelengkung-pelengkungkeun ku leungeuna malah mah nepi
ka rék potong sagala. Nempo kitu, éta utusan ngarasa éra. Tapi atukna Nyi Pudak
Arum bisa ditéwak ogé sarta dibawa ka Demang Sukamukti.
Nalika arék malem panganténan, dadakan éta demang tilar dunya, tug
nepi ka Nyi Pudak Arum salamet jeung tetep kajaga parawanana. Geulisna Nyi
Pudak Arum kadéngé deui ku gegedén beunghar di Padabeunghar. Ieu tempat
dingaranan Padabeunghar, meureun baheulana loba baleunghar nu cicingna di éta
tempat. Kajadian diluhur ogé lumaku ka ieu gegedén, manéhna tilar dunya saméméh
malem panganténan.
Aya deui jalma beunghar nya éta Ki Puru Sastra anu kahasil migarwa
Nyi Pudak Arum, tapi saméméh panganténan, ieu Ki Puru Sastra dadakan tilar
dunya.
Geus kitu, ieu béja ngeunaan NyiPudak Arum kadéngé ku saurang haji
di Centayang, nya éta Haji Ijamalil. Manéhna miboga pamajikan kurang leuwih aya
kana 20 urangna. Dina danget harita manéhna geus jadi haji, sabab geus asup
Islam. Nalika Haji Ijamal’al rék ngalamar Nyi Pudak Arum,di tengah jalan
manéhna kasamer gelap tug nepi ka tilar dunyana.
Kitu jeung kitu wé satuluyna, unggal lalaki nu hayang mikagarwa Nyi
Pudak Arum tangtu tilar dunya saméméh malem panganténan. Hiji mangsa ieu warta
ngeunaan Nyi Pudak Arum kadéngé ku demang Kartala, inyana nya éta demang ti
Mangkalaya nu ayana di daérah Ciaat Sukabumi. Radén Kartala miboga penasehat,
nya éta urang jawa nu ngarana Sakatana. Ngadéngé aya wanoja nu mawa cilaka,
Sakatana cumarita “ Leuwih hadé ieu awéwé urang paéhan waé”.
Ceuk Kartala
“keun waé, urang pasrahkeun waé ka Sultan Demak”.
“ Lamun ku urang
dibaktikeun ka Sultan Demak, pasti urang Demak bakal nyiduhan urang,” ceuk
Katana.
Singkat carita Nyi Pudak Arum beunang tug nepi ka leungeuna
diborogod, maksudna ieu Nyi Pudak Arum téh arék dipaéhan kucara dipengal.
Teundeun ieu carita, ayeuna urang sampeur lalampahan Wangsa Suta.
Harita Wangsa Suta keur ngabukbak lahan (ngababakan) pikeun nyieun
lembur di Gunung Parang. Dina hiji waktu nalika Wangsa Suta keur saré, dadakan
manéhna ngarasa teu genah haté jeung pikiran. Tuluy manéhna ka luar, miang
lumampah tug nepi ka anjog ka daérah Cisaat. Kabeneran Nyi Pudak Arum harita
téh arék dipengal beuheunna kalayan paréntah Demang Mangkalaya. Nalika bedog
rék nepi kana beuheungna Nyi Pudak Arum, gancang Wangsa Suta nyalametkeun bari
ngaharéwos, “Dagoan di Gunung Parang, dihandapeun tangkal pakujajar nu miboga
lima dahan. Didinya aya tempat nu keur dibabakan ku kuring. Dagoan didinya.”
Sanggeusna Wangsa Suta ngaharéwos kitu. Manéhna ngadu jajatén jeung
salah saurang algojo. Nalika keur ngadu jajatén kitu, manéhna teu apal yén Nyi
Pudak Arum téh ditéwak deui ku lagojo séjén. Nyi Pudak Arum diborogod tuluy
diasupkeun kana karung, tuluy luhurna dibeungkeut sangkan teu kabur. Sanggeusna
dikarungan, éta Nyi Pudak Arum dibawa ka Pulau Putri nu ayana di teluk Jakarta.
Nalika Wangsa Suta ngadu jajatén, inyana miboga sangkaan yén Nyi
Pudak Arum téh geus nepi ka Gunung Parang. Sanggeuna ngéléhkeun éta algojo,
geuwat Wangsa Suta ngajugjug ka Gunung Parang, saggeusna nepi, gening Nyi Pudak
Arum teu nyampak di ieu tempat. Ninggali kitu, kapaksa Wangsa Suta nyauran Resi
Saradéa nu jadi guruna. Sabenerna, sanggeusna Wangsa Suta miang ka Gunung
Parang. Resi Saradéa pindah ka Gunung Arca nu ayana di deukeut Pasir Pendil, di
kiduleun daérah Cijangkar.
Teu lila sanggeuna di samat, ieu Resi Saradéa datang. Manéhna
cumarita “Wangsa Suta, lain dina jaman ayeuna, hidep kudu ngahiji jeung Nyi
Pudak Arum tapi dina jaman séjén, saupama geus nepi kana ugana. Tapi hidep kudu
ngadagoan nepi ka ugana datang, lamun saupama Gunung Parang geus pinuh ku imah
sarta saupama Tegal Kolé geus jadi kota. Dina éta mangsa bakal aya wanoja nu
nungtun masarakat nu keur katalangsara sabari gagedékeun haté wanoja nu ka
nyenyerian ku salakina. Tah éta wanoja titisan Nyi Pudak Arum sarta éta
mangsana hidep bisa ngahiji jeung
manéhna.”
Dina legénda Sukabumi, Wangsa Suta nu munggaran ngababakan Tegal
Kolé tug nepi ka loba jalma nu bubuara ka ieu tempat. Satuluyna nyarieun imah di ieu patempatan tug nepi ka
jadi kotana. Wangsa Suta tetep ngadagoan, sabab kitu pokna ceuk Resi Saradéa “
yén ieu tempat bakal dibéré ngaran : resep cicing di imah (Sukabumi)”.
(Anis Djati Sunda)
Putri Caweni (Sasakala Sagaranten)
Baheula nalika Kabupatén Sukabumi masih kénéh leuweung geledegan.
Kacaritakeun aya hiji putri turunan Pajajaran nu ngarana Nyi Rara Sanget nu
katelahna Nyai Putri Caweni, nénéhna kitu sabab manéhna masih kénéh parawan
atawa tacan kawin (caweni, gadis).
Numutkeun béja Nyai Putri Caweni nya éta nu ngababakan jeung nu
ngadegkeun Sagaranten nu ayana di Kabupatén Sukabumi.
Nyi Rara Sanget nya éta saurang putri nu kacaritakeun geulisna
kawanti-wanti, tug nepi ka loba jalma sarta gegedén nu kapincut ati kapentang
asmara ku kageulisanana. Ku kituna Nyi
Rara Sanget loba baganti salaki nepi kana 40 kalina. Ieu hal lain ku sabab manéhna
salingkuh atawa milampah kalakuan goréng sok komo nepi ka miboga sipat goréng
mah tapi Nyi Rara Sanget miboga watak anu anéh nya éta, kabéh salakina tilar
dunya saméméh malem panganténan.
Nyi Rara Sanget nandangan kasedih sabab kudu nyanghareupan ieu
kaayaan. Hirupna dituturkeun kalangkang implengan nu matak nyeri kana haténa.
Dina hiji peuting nalika bulan purnama, Nyi Rara Sanget diuk dina
luhur tangkal sempur. Hiliwirna angin peuting neumrag buukna nu ngarumbay,
sakapeung nutupan pameunteuna. Teu jauh ti dinya, dina sisi jungkrang,
hawar-hawar aya sora manuk cuhcur patembalan jeung sora sri gunting nu nyaruaan
sora suling.
Nyi Rara Sanget mingkin ngarasa sorangan. Karasana asa mingkin
peurih lir nitah indit ka nujauhna. Sora Sri Gunting lir ngajak sadar. Sadar ka
Hiyang Widi, sadar kana papastén, sadar kana diri nu saberna. Tapi kasedih téh
nuturkeun lir kalangkang nu sok waé nembongan. Nyi Rara Sanget teu boga tempat
pikeun pakumaha. Mun inget ka palebah dinya, segruk waé manéhna ceurik, dirina
miharep aya nu maliré ngaragap kana haténa.
Taya tempat pikeun ngedalkeun eusi haté, nu aya ngan tangkal sempur.
Nya didinya Nyi Rara Sanget ngedalekun eusi haténa, meureun boga pikir sugan
jeung sugan ieu tangkal sempur bisa nampa kana naon anu keur dirasakeunana.
Nepikeun kahayang ka balé pangaduan
Mandala Agung di kahiyangan.
Saliwat ku paningal batin Nyi Rara Sanget katempo aya jalma
rurusuhan, ngusapan panggero sukmana. Tapi sanggeusna inget manéhna karak sadar
yén nu tadi téh ngan saukur gerentés haténa wungkul. Nalika Nyi Rara Sanget
keur dina kaayaan kitu, dadakan aya cahya tina tangkal sempur. Tapi teu lila
éta cahya ngaleungit deui. Nyi Rara Sanget ngarasa sieun tapi karasana tenang
kana haténa.
Nalika keur ngalamun mikirkeun éta cahya, dadakan aya bau nu
kaaangseu matak nyegerkeun, dibarengan hiliwirna angin neumrag kembang bungur
nu keur marakbak. Diangseu bauna lain tina kekembangan, tapi bau tina kemuning
nya éta bau wawangian tina menyan Pajajaran Tengah.
Nyai Putri nganseu, ngararasakeun timana datangna éta seuseungitan.
Pikirna tina jalma nu keur muja di gunung atawa dina jero guha. Tapi sanggeuna
dirarasakeun éta seungit téh ngan ukur aya di sabudeureunana. Satuluyna Nyi
Rara Sanget ngarapetkeun dampal leungeun tuluy diteundeun dina emun-emunan bari
sideku diarakeun ka tempat nu tadi aya cahyana. Nyi Rara Sanget milampah
sakumaha mistina, inyana apal yén cahya jeung seuseungitan tadi mangrupa
totondén datangna karuhun Pajajaran. Inyana nyembah kana jasad nu teu nyata,
kalayan ageman Sunda Pajajaran Tengah, nu dipikahormat ku inyana.
Nalika sumujud, inyana cumarita ngawilujeng sumpingkeun ka karuhun,
manawa sareng manawi bilih boa aya carita jeung amanah.
Bareng jeung
hiliwirna angin, aya sora taya jirimna.
” Nyi Rara Sanget, tong ceurik waé, éta soca karunya tos bareuh ku
cimata.”
Nyi Rara Sanget
nempo ka kénca ka katuhu, nempo sabudeureunana timana asalna éta sora. Teu lila
kadéngé deui aya sora.
“Nyi Rara Sanget teu kudu nyiar éyang ka tempat nu jauh. Éyang aya
didieu, teu jauh ti nyai.”
“Ké, Ényang téh saha?”
“Nyi Rara Sanget nu geulis, kiwari Éyang teu miboga ngaran,mun Éyang
miboga ngaran meureun jeung jasadna. Nya kieu ari Éyang mah, teu saeutik nu
nyebut Éyang téh jurig, sétan, ririwa jeung sajabana.”
“Keun waé Éyang, éta nu ngahina geus ninggalkeun kapercayaanana.
Tapi meureun Éyang miboga ngaran mangsa Éyang jumeneng kénéh. Saha ari ngaran
Éyang.”
“Nyai, mangsa Éyang hirup katelahna Resi, nya éta Resi Kalang
Béntang.”
“Éyang, Éyang téh geus jadi karuhun?”
“Ngan ukur nyai nu nyebut Éyang karuhun, ngan Nyai nu nuturkeun
kapercayaan agama Pajajaran nu katelah agama Sunda. Tapi geus loba nu
ngahianat, saupama Éyang datang, biasana Éyang sok diusir ku babacaan
mantra-mantra jeung sajabana.”
“Keun Éyang, mugya sagancangna maranéhna balik deui kana ageman
urang, nu saéstuna ageman karuhun maranéhna ogé. Tapi ayeuna kumaha kaayaan
Nyai, Éyang?”
“Nyai, Éyang moal datang kadieu, saupama teu apal saha nu ngageroan
sabab keur kasusahan.”
“Énya Éyang, tapi dimana éyang saleresna? Nyai hayang patepung jeung
Éyang. Cing témbongkeun wujud Éyang.”
“Nyai, lain tadi Éyang geus cumarita, yén Nyai teu kudu néangan ka
tempat anu jauh. Sora Éyang ngan saukur bisa kadéngé ku ceuli Nyai. Jadi éyang
ogé aya dina ceuli Nyai. Éyang tacan aya ijin pikeun némbongkeun manéh sabab
tacan mangsana. Tapi éyang diijinkeun pikeun nyoara jiga ayeuna kieu. Kitu ogé
teu lila.”
“Teu nanaon éyang, tapi kudu kumaha ieu diri téh. Hirup téh asa
nyanghareupan ka susah waé.”
“Nyai, Éyang datang pikeun nepikeun talatah. Éyang apal yén ayeuna
Nyai téh keur nandangan ka susah. Teu kudu sieun sok sanajan hidep geus
ngarandapan 40 kali kawin, Éyang apal yén Nyai masih kénéh parawan.”
“Kumaha atuh ieu hirup téh Éyang?”
“Teu nanaon Nyai, laina hirup mah geus aya nu ngatur? Nya éta takdir
geus ditangtukeun ku Hyang Widi. Lalampahan Nyai geus jelas jiga bulan purnama,
geus dicaritakeun ku sora manuk cuhcur, yén Nyai miboga salaki lain di alam
ayeuna, tapi éngké di alam carita.”
“Éyang saupamana kitu, Nyai ayeuna kudu maot heula?”
“Nyai, laina hirup téh ahir pikeun ngamimitian, sedengkeun mati nya
éta mimiti pikeun ahir.”
“Satuluyna naon nu kudu dipilampah ku Nyai.”
“Nyai, lalampahan hirup Nyai béda jeung kahirupan wanoja séjéna.
Sabari ngadagoan pisalakieun, hidep kudu ngabersihkeun éta awak. Aya pancén anu
kudu dipilampah ku hidep.”
“Naon waé pancénana téh, Éyang?”
“Mimiti nu kudu dipilampah ku hidep nya éta ngababakan di ieu
tempat. Keur cicing rahayat hidep. Sanggeuna kitu, hidep kudu tapa sangkan
pisalakieun geuwat gancang datangna, nu sabenerna mapag hidep.”
“Dimana Nyai kudu tapa, Éyang”
“Di ditu di belah kulon, dina curug anu sanget. Tah didinya hidep
tapa tug nepi ka mangsana datang.”
“Sanggeusna Nyai tapa, naha lila kénéh pisalakieun téh datangna?”
“Disebutkeun lila, waktu mah bisa diitung, tapi disebutkeun
sakeudeung angger masih kénéh lila. Sabab hidep kudu nyanghareupan heula
hahalang anu geus ditangtukeun. Geus ayeuna mah tog loba pipikiran, leuwih hadé
ayeuna mah geura tatahar pikeun ngababakan leuweung.”
“Ké heula Éyang. Kumaha rék ngababkan. Lainna Nyai téh ngan ukur
awéwé masih kénéh budak jeung deui teu boga batur saurang-urang acan.”
“Nyai sik sanajan Nyai téh leutik kénéh, laina keur leutik Nyai téh
pernah diajarkeun pikeun ngageroan mahluk gaib (aji pangendam waruga samar).
Maenya hidep geus poho deui. Geura tatahar Nyai, sabab Éyang geus lila teuing
nyarita jeung Nyai. Ngan saupama Nyai nyanghareupan kabingung jeung teu geunah
haté. Geroan waé Éyang. Éyang maol lila pasti datang.”
“Mangga Éyang, tapi saméméh Nyai ………….”
Tacan bérés nyarita, dadakan hawar-hawar aya sora gumuruh,
dibarengan angin ngagelebug tarik. Nyai Purti nuluykeun caritana.
“Saméméh Nyai ngababakan ieu leuweung, Nyai ménta pibakaleun ngaran
ieu pakampungan. Lamun saupamana geus réngsé, naon ngarana Éyang?”
Patalékan Nyi Putri taya nu ngajawab. Nu kadéngé ukur sora manuk
cuhcur nu matak keueung pikasieuneun. Nyi Putri teu apaleun yén bareng jeung
sora gumuruh tur dibarengan ku gelebugna angin, Resi Kalang Béntang mulih ka
alam taya ngarana.
Nyai Putri ngageroan, tapi taya jawaban. Ukur dijawab ku sora alam
tengah peuting di leuweung.
Ngarasa ditinggalkeun, Nyai Putri Rara Sanget ceurik jiga budak
leutik. Inyana nyuuh dina tangkal sempur. Tapi sanggeusna inget deui kana
pancén ti Rési Kalang Béntang. Karasa yén ieu pancén téh teu hampang. Tapi sok
sanajan ngarasa wegah, inyana tetep lumampah pikeun tatahar nyanghareupan
pancéna.
Singkat carita, ieu Nyi Putri geus réngsé ngababakan, nu
baranggawéna dibantuan ku mahluk-mahluk ghoib. Numutkeun carita ieu mahluk
ghoib ngajangélék jadi jalma sakumaha ilaharna. Nu jadi puun ieu lembur nya éta
Nyai Rara Sanget.
Salila Nyai Putri jadi Puun di ieu kampung, inyana dipikanyaah ku
masarakatna. Wibawana ngondang jalma pikeun dumuk di ieu lembur. Lila ku lila
ieu lembur jadi kampung malah mingkin ramé ku pangeusina.
Dina kaayaan kampung keur tingtrim, Nyi Putri Rara Sanget inget kana
pancén ka dua nu kudu dipilampah, malah ulah nepi ka henteu. Inyana kudu tatapa
dihiji curug piekun mersihkeun diri, nya éta di Curug Dolog.
Sok sanajan beurat pikeun ninggalkeun rahayatna, tapi dalah kudu
kumaha. Pancén kudu tetep dipilampah. Nalika hayam kongkorongok, inyana ménta
pikeun dibarengan ku dua urang kokolot lembur. Teu lila kitu inyana indit
dibarengan ku kokolot pikeun nepi kana éta Curug Dolog. Dua urang kokolot ieu
ngarasa héran, maranéhna teu dibéjaan naon pamaksadan Nyi Putri. Rék nanya teu
wani, nu atukna maranéhna nuturkeun naon kahayangna Nyi Putri.
Wanci manceran maranéhna nepi ka tempat anu di tuju. Nalika Nyi
Putri nempo éta curug, inyana ngarasa sedih. Tapi ieu kasedih teu
ditémbongkeun. Nempo Nyi Putri jiga anu keur sedih, atukna dua urang kokolot
ieu jadi milu sedih, tapi éta kasedihna sarua teu ditémbongkeun. Nyi Putri
ngarénghap, neuteup ka dua kokolot, tuluy maranéhna tungkul bari nahan kasedih.
“Lot, ayeuna geus nepi ka tempat anu dituju.”
“Muhun, tuluy naon atuh maksadna Nyai Putri ngajak kami ka ieu
curug.” Ceuk salah sahiji nu pangkolotna, ngarasa héran.
Nyai Putri neuteup ka éta dua kolot.
“Dégngékeun ku duaan. Nyai ménta dianteur ka ieu tempat, sabab Nyai
kudu milampah pancén ti karuhun.”
“Naon pancén Nyai Putri téh?”
“Kudu ngaberesihkeun diri ku cara tapa di ieu curug. Sangkan naon nu
dipikahayang, bisa cumpon.”
“Numutkeun pamandegan kami, lamun saupamana bener-bener miboga
kahayang, naha henteu disawalakeun di kampung waé. Maenya urang henteu bisa
narékanana. Tapi naon nu dipikahayang ku Nyai Putri?” Ceuk nu pangkolotna.
“Lot, anjeun duaan geus kudu ngarti. Ieu kahayang teu kudu di
sawalakeun, iwal ka anjeun duaan. Ieu urusan ulah jadi pikiran kabéhan
nyusahkeun kabéhan mah.”
“Mémang kitu ari sakudunana mah, tapi laina Nyai Putri téh Pupuhu
kampung. Anu tangtuna saupama Nyai susah, nu séjén ogé milu mikiran. Malah kudu
sanggup nyanghareupanana.”
“Lot, éta ucapan némbongkeun kanyaah. Tapi ceuk kuring mah. Ieu hal
geus ditangtukeun ku waktu. Digamarkeun ku jaman. Kuring kudu ngaberesihkeun
diri, pikeun nuluykeun hirup kahareupna.”
“Leres, palebah éta mah. Naon salahna saupama kuring waé nu
ngawakilan pagawéan Nyai Putri, sangkan ieu kampung teu kaleungitan pupuhu
kampung. Asal Nyai Putri ngajéntrékeun naon nu kudu dipilampah.” Ceuk nu ngora,
nyodorkeun diri nyanggupan pikeun ngawakilan.
“Lot, udagan kuring lain udagan aranjeun. Kitu ogé kahayang kuring
lain kahayang aranjeun. Sok sanajan sarua tapi moal sarua cara pikeun ngahontal
udaganana. Sabab lain jelema lain ogé kahayangna. Sok komo kuring téh wanoja?
Sok sanajan kawani surupna lalaki tapi ari haté leutik mah anger wé awéwé. “
“Kuring rék tapa, rék ngadagoan pisalakieun nu sabenerna. Mémang
geus kitu kuduna.”
“Nyai Putri, hampura kuring wawanianan tumanya. Tapi naha Nyai Putri
néangan pisalakieun téh kudu tatapa. Padahal apanan teu saeutik nu baleunghar,
katurunan para ménak. Maénya maranéhna bisa nolak Nyai Putri. Keun kuring anu
ngondang arinyana.”
“Anjeun nya éta pangkolotna. Tapi umur wungkul nu kolot mah. Maenya
teu ngarti kana katangtuan karuhun jeung takdir. Kuring geus sakuduna nurut
kana béja nu dibawana. Kuring nganuhunkeun kana kasatiaan aranjeun. Tapi ké
yeuh déngékeun caritana.”
Ngadéngékeun carita Nyi Putri Rara Sanget, nu dipikolot éraeun
dibarengan gagaro teu ateul kana sirah. Nu ngora mh cicing nagog bari cumeluk
tungkul.
Nyai Putri nempo kana curug tuluy nempo kajauhna ka arah kampung.
Tuluy neteup ka dua kokolot nu keur nagog tarungkul. Nyi rara sanget haténa
gulinggasahan pikirana inget deui kalembur, ku inyana kabayang wangunan imah
kusuhunan hateup jeung kiray. Cai ngocor ka unggal kulah.
Dina kaayaan nu bingung tur teu pugug rarasaan, Nyai Putri Rara
Sanget ngagero Eyang Resi Kalang Béntang ku paninggal batina. Tapi Éyan Resi
Kalang Béntang teu nembongan.
Nalika kitu Kokolot nyarita, “Nyai Putri saméméh Nyai miang tatapa.
Naon pi bakaleun ngaran pikeun ieu lembur urang. Bisi hiji mangsa pangeusi
lembur tumanya. Maenya éta lembur teu miboga ngaran.”
“Nya heug ari kitu mah. Éta lembur dibabakan ku kuring bareng
aranjeun. Numutkeun carita karuhun, harita mah éta lembur téh leuweung
geledegan. Di éta tempat ogé Hariang Banga jeung Ciung Wanara ngadu jajatén.
Kitu mun teu salah mah. Malah cenah mah, baheulana ieu tempat téh urut sagara.
Tandana nya éta di ieu tempat loba karang jeung urut kerang dina unggal pasir
jeung tegalan. Di ieu patempatan ogé loba nyampak inten tapi moal bisa dicokot
saméméh ugana datang. Sangkan luyu jeung carita kolot baehula, éta lembur ku
kuring dingaranan SAGARA INTEN.”
“ Mangga Nyi, tapi naha éta inten téh bakal bisa di cokot
ayeuna-ayeuna.” Ceuk nu ngora.
“Sigananana mah, moal kajamanan ku aranjeun, sabab éta lembur kudu
di kacaukeun ku jalma nu mangrupa monyét. Enkgé mangsana bakal aya sukma
beureum, sukma beureum ieu bakal ngajadikeun kabéh nagara jadi beureum. Teu
lila ti harita, sigana bakal datang mangsana.”
“Nyai, sok sajan umur kuring geus kolot tapi pangaweruh mah kurang
sabab pangalaman anu kurang. Sok sanajan
éta lembur geus miboga ngaran, tapi saha nu bakal mimpin jeung nu jadi pupuhu
pikeun éta kampung. Paménta ti kuring, sok
sanajan Nyai tapa keur néang pi salakieun, tapi ulah lila teuing.” Ceuk
éta nu kolot bari ceurik jiga budak.
“Lila mah lain urusan kuring. Tapi nu pasti kuring kudu tapa tug
nepi ka pisalakieun mapag kuring. Ngeunaan pamimpin, engké ogé bakal aya anu
mimpin sarta bakal silih baganti. Kitu nu bakal ka alaman ku aranjeu, da éta mah kahayang jaman.”
u ngora tangah tuluy carita,”Nyai kumaha saupamana lamun, kuring
sakampung piligenti pikeun nungguan Nyai, nepi ka pisalakieun Nyai mapag ka ieu
tempat.”
“Lot, teu kudu maksa. Lamun saupamana hayang apal, naon pangna ngan
aranjeun duaan nu dibéré nyaho, nya éta ngarah nu séjén teu apaleun. Saupama nu
séjén apaleun tangtu lalampahan kuring moal cumpon. Aranjeun diajakan sabab
pikeun nuluykeun tapak kuring jeung pikeun ngabéwarakeun lalampahan kuring ka
nulian.”
“Nya mun kitu kuduna, kuring teu bisa kukumaha. Ngan lamun Nyai rék
lila tapana, kuring miharep sawaktu-waktu Nyai ngalongokan.”
“Heug mun éta paménta ti aranjeun mah, tangtu ku kuring bakal
dicumponan. Sok sanajaan aranjeun teu méta, kuring geus aya implengan kana éta
hal. Ngan nu kudu ku aranjeun dipikanyaho, kuring titip ngaran dina batu. Hiji
mangsa kuring datang saupama aya nu ngagero. Tapi kuring ngan saukur nulungan
ka jalma nu hadé lakulampahna jeung nu milampah kabiasaan karuhun. Aranjeun ogé
kudu nyaho, yén kuring saurang wanoja nu kungsi miboga salaki 40 kali, tapi
kuring masih kénéh parawan, sabab kabéhna tilar dunya saméméh malem
panganténan. Lamun saupamana salembur ngagero kuring, sebut waé ngaran kuring
PUTRI CAWÉNÉ, kuring mo jauh ti nu
ngabutuhkeun. Lamun saupama hiji mansa loba nu ngageuhgeuykeun ngaran kuring,
tong sakali-kali nyeri haté. Keun waé jalma kitu mah tangtu engké ogé bakal aya
anu ngaréngsékeun. Ayeuna meungpeung sarangéngé aya dina luhur embun-embunan,
kuring rék indit milampah pancén kuring.”
“Nyai, ké heula. Sangkan kuring salembur teu salah dina nempo waktu
nalika Nyai kawin jeung pisalakieun Nyai, naon totondéna pikeun kuring baléréa.
Ceuk nu kolot.
“Heug atuh, pikeun totondéna nya éta nalika wahangan Dolog jeung
Buni ieu ngahiji jadi hiji wahangan nu ngamalirna ka sagara kidul. Tepikeun
talatah kuring ka jalama salembur.” Geus kitu Nyai Putri leumpang muru ka
tempat deukeut curug.
Nyai Rara Sanget anu baganti ngaran jadi Putri Cawéné tuluy sideku
nyembah sanggeus kitu tuluy diuk pikeun tapa.
Nyai Cawéné leungit kageulisanana. Leungit rupana Nyi Putri, leungit
ogé jasad manusana. Tapi ngarana bakal tetep hirup. Nepika kiwari aya batu di
deukeut curug Cidolog nu ngarana Nyai Putri
Cawéné. Bener jeung henteuna ieu carita, ngan sakitu ayana.
(Manglé, No 471, taun 1974)
Muara Gede Leuweung Denuh
Kampung Muara Gedé atawa katelahna Mara Gedé nu ayana di Tegal
Buleud. Sagaranten Jampang Tengah di beh kulon ngamalir wahangan Ci Kaso di beh
kidul sagara samudra hindia jeung belah wétan aya leweung geledegan ngarana
leweung denuh.
Numutkeun carita leuweung denuh asalna tina ngaran wanoja, nya éta
Nini Denuh. Inyana lalampahan teu miboga udagan, tug nepika anjog ka hiji
leuweung di basisir sagara kidul. Harita éta tempat tacan miboga ngaran jeung
masih kénéh leuweung geledegan nu dicicingan ku sasatoan leuweung.
Di éta patempatan Nini Deniuh téh nyieun padumukan jeung mimiti
pepelakan. Nu sakirana aya hasilna. Éta kebon di pager ku tangkal jambé. Tug
nepi ka ayeuna éta tangkal jambé téh masih kénéh nyampak sarta numutkeun carita
mah éta patempatan téh masih kénéh sanget.
Kacaritakeun anu ngageugeuh éta patempatan téh nya éta Éyang Prabu
Kebo Dongkol. Ni Denuh di samat jeung di béré pangiuhan. Sabab éta patempatan
tacan miboga ngaran, ku kituna dingaranan Leuweung Denuh atawa Mara Gedé. Cenah
numutkeun jalama, éta tangkal mara téh sakapeung mah sok katempo sakapeung
tara. Katelahna Muara Gedé sabab di éta patempatan bobojongna Cikaso ka sagara.
Harita muara gedé atawa Mara Gedé téh nya éta hiji pakampungan. Nu
di eusian ku 20 suhunan imah. Nu unggal imahna dipager ku tanggal baradag jeung
kai heuras. Kusabab éta kampung téh dikurilingan ku leuweung jeung sabangning
sato leuweung.
Numutkeun carita, baheula mah di Mara Gedé, sok aya jalma anu
digegel méong atawa buhaya. Nu jadi korbana nya éta nu anyar pindah, nu acan
wanoh kana éta patempatan. Ku kituna aya sababaraha urang anu diangkat pikeun
jadi pawang, nu bisa naklukeun méong jeung buhaya. Pikeun nulungan jalma di éta
tempat. Kabéh jalma tuhu kana tetekon ieu pawang. Diantara laranganana nya éta:
1. saméméh ci ibun turun teu meunang indit ka leuweung atawa ka
wahangan. Saméméh surup panon poé kudu aya di imah.
2. Jaman baheula ieu tempat ngan bisa dijug-jug ku cara naék parahu.
Jalam teu meunang nyusur ieu wahangan.
Naon pangna loba jalma anu dumuk di éta tempat, padahal éta daérah
téh kawilang sanget? Sabab éta daérah kawilang suburna. Naon waé anu dipelak
tangtu jadi tur hahasilan. Ku suburna éta tempat, ngajadikeun loba jalma ti
kampung séjén nu daratang ka ieu lembur. Anu daratang ka ieu lembur geus apal
kana naon anu teu meunang dipilampah. Tapi ku sabab lobana jalma anu ngadon
bubuara ka ieu tempat atukna mingkin loba ogé pangeusi lemburna. Cenah harita
téh loba nu maot alatan ngareumpak larangan.
egal Buleud kungsi jadi kamantrén Sumber Jaya. Sumber Jaya miboga
harti sumber kamakmuran. Pangna disebut Sumber Jaya sabab ieu tempat loba
ngahasilkeun mangrupa-rupa tina hasil tatanén.
(Ukri Sumaatmaja)
Batu-batu
Kinyang di Wahangan Cimerang
Kacaritekun sanggeusna mangbulan-bulan Nyai Putri Laran Pandan
Layung kabur tina di udagan musuh.
Anjeuna anjog ka hiji daérah Gunung Buleud, nya éta tempat padumukan Panembahan
Girang Madenda. Nempo kadatangan Nyi Puti, Panembahan Girang Madenda ngarasa
bungah. Sabab duanana nya éta buronan tantara musuh. Sanggeuna nepikeun salam
sakumaha anu sok dipilampah ku masarakat Pajajaran, tuluy Nyi Putri nyaritakeun
lalampahanana.
“Pun Bapa
geus tiwas, Éyang. Nyai meunang pituduh pikeun nepungan Éyang.”
“Tuluy
kumaha maksduna Nyai?”
“Taya deui tempat pikeun ngiuhan, Eyang.” Indung jeung bapa geus
tiwas duanana. Nyai hayang nuturkeun arinyana. Tulungan Éyang.”
“Nyai hayang
ngilu ka alam baka?”
“Leres
Éyang.”
“Hirup geus aya nu ngatur. Tong miheulaan kayang Hiyang Maha
Tunggal.”
“Lain maksud pikeun bunuh diri. Nyai hayang tilar dunya salaku warga
Pajajaran nu terhormat.” Ceuk Nyai Putri.
Sakedapan mah Sang Panembahan ngahuleng, ngimut ngimeutan éta
omongan Nyi Putri Laras Pandan Layung, tuluy jasmedi pikeun ménta pituduh ka
Hiang Maha Tunggal. Teu lila kitu, tuluy Panembahan Girang Madenda cumarita.
“Kieu Nyai. Urang teu bisa ngalawan kahayang Hyang Maha Tungal.
Saperti datangna Nyai ka ieu patempatan, éta téh geus diguratkeun ku Hiyang
Maha Tunggal. Anu kudu dipikanyaho, kahayang Nyai bakal cumpon, sabab
ditatapakan ku rasa hayang babakti ka nu jadi idung bapa katut raja. Maotna
Nyai tangtu moal sia-sia.”
Panembahan eureun cumaritana, tuluy nempo ka sakuliahna. Huma nu
ngaplak dina sisi tegal pasir. Ngajadikeun éndah tetempoan. Teuteupanana eureun
nalika nempo Nyai Putri nu keur ngadagoan omonganana.
“Jaganing geto, jasad Nyai bakal tilem, bakal mirupa sumber
pakasaban rahayat. Sacara turun-tumurun maranéhna inget ka Nyai. Dina engké
tatapa, Nyai kudu tuluy ménta ka Hyang Maha Tunggal sangkan naon anu
dipikahayang bisa sumpon. Inget naon anu ku Éyang ditepikeun éta kalayan
pituduh ti Hyang Maha Tunggal.”
“Dimana
Nyai kudu tapa Éyang.” Ceuk Nyai Putri teu sabaran.
“Teu jauh
ti ieu tempat”
“Nyai leumpang turun gunung. Lamun saupama engké Nyai manggihan
wahangan leutik anu ngamalirna ka belah kulon. Tah didinya pisan Nyai téh
tapana. Iraha Nyai bakal miangna?”
“Ayeuna kénéh Éyang. Tapi saméméh Nyai miang. Nyai titip pusaka nu
jadi kolot sangkan teu milu tilem. Mugya Éyang teu nolak ieu titipan.”
“Naon éta
téh, Nyi?”
“Ieu
benten (beubeur), paméré pun biyang”
Nyai Putri Laras Pandan muka beubeurna, nu pinuh ku batu-batu
kinyang. Sakedapan éta beubeur diilikan ku Ki Panembahan. Tuluy cumarita, “Lain
Nyai, Éyang lain jalma nu pantes pikeun nyekel ieu barang. Paké waé ku Nyai.
Hyang Maha Tunggal mikahayang Nyai nu makéna. Jung geura miang. Saupama Hyang
Maha Tunggal mikayang, Éyang bakal nyusul ka tempat Nyai tapa.”
Sangeusna nepikeun nuhun kana pituduh ti Panembahan Girang Madenda.
Nyai Putri miang ka tempat anu geus dituduhkeun.
Sanggeusna Nyai Putri Laras Pandan Layung nepi ka wahangan leutik nu
ngamalirna ka belah kulon. Tuluy inyana mapay sisi wahangan tug nepi ka
girangna.
Sanggeusna ménta widi ka Hyang Maha Tunggal. Tuluy Nyai Laras Pandan Layung diuk dina luhur batu
badag anu aya di tengah éta wahangan,
nya éta pikeun ngamimitian tapa.
Poé ka poé, bulan panggih bulan, teu karasa Nyai Putri geus sataun
lilana tatapa di éta tempat. Dina hiji peuting nalika bulan purnama tembong
taya aling-aling. Aya soara teu jirim rupa cumarita.
“Nyai geus kadéngé naon nu dipénta ku anjeun. Paménta anjeun bakal
cumpon.”
Éta wangsit nu jirimna sora ti Hyang Maha Tunggal. Nu geus lila
didadoaan ku Nyai Putri Laras Pandan Layung.
“Saméméh hidep ngahyang, inget ieu talatah. Benten nu ku hidep di
paké bakal milu tilem bareng jeung raga hidep. Batu kinyang anu ngahias dina
éta beubeur bakal anakan tina poé ka poé. Kitu kahayang alam. Tah, kiwari
anejun tatahar, jasad anjeun bakal ditarima.
Teu lila kitu, éta sora ngaleungit. Nyai putri Laras Pandan Layung
maca mantra-mantra satuluyna éta jasadna ngahyang tina teuteupan. Benten nu
pinuh ku batu-batu kiyang tetep cicing dina batu tempat inyana tapa. Tapi cai
wahangan nu asalana leutik jadi ngabadagan.
Panembahan Girang Madenda datang pikeun nyumponan janjina. Ngan
nalika inyana nepi ka éta patempatan, kasampak cai wangan geus ngamalir badag.
Inyana tuluy ceurik bari nyarita sorangan.”Anak incu kahareupna bakal nelah ieu
Ci Merang, sabab ieu wahangan bakal méré kasejahteraan ka arinyana.”
Sanggeuna kitu, Panembahan Girang Madenda maca mantra, teu lila kitu
jasadna ngahyang.
Nepi ka kiwari daérah anu kaliwatan ku ngamalirna wahangan Ci Merang
mangrupa daérah subur pinuh ku pasawahan. Batu-batu anu aya di éta wahangan CiMerang mangrupa salasahiji
pakasaban pikeun masarakat di sabudeureunana. Kiwari kampung anu aya di
sabudeureun éta wahangan katelahna kampung
Cimerang.
(Ismail)
Lebak
Cawéné
Dongéng Lebak Cawené masih kénéh carita sanggeusna Pajajaran Runtag.
Lebak cawéné mangrupa hiji leuweung anu dilingkung ku gunung-gunung. Punten
ngaran gunungna moal disebutkeun sabab masih kénéh sakral. Nu ayana di daérah
Palabuan ngawates daérah Cibaréno Kabupatén Lebak, ngawates deui jeung
kacamatan Kalapanunggal Kabupatén Sukabumi.
Naon pangna ieu tempat dingaranan Lebak Cawéné. Ieu tempat nya éta
leuweung gongong sima gonggong, nu tacan kasaba ku jalma, ari lain jelema
tukang apruk-aprukan mah. Ceuk éta dongéng cenah baheulana aya cawéné-cawéné ti
Pajajaran anu ngaradon tapa didinya. Nya kitu guluyur carita kurang lagkungna.
Mangsa Prabu Agung Siliwangi badé mubus ka Nusa Larang, harita
putrana nu katelah Putri Gandrung Arum pangais bungsu ti gareuhna Prabu
Sliwangi anu ka -7 nya éta rakana Nyai Purnamasari. Harita Nyai Putri Gandrung
Arum nyuhunkeun ijin ka ramana. Tisaprak ninggal kuwung-kuwung unduk tujuh, nu
bijilna ti laut tuluy nutugna ka éta lebak, cenah éta kuwung-kuwung téh ngundak
tujuh, hartina aya tujuh kuwung-kuwungna, tujuh lapis, lain tujuh rupa warnana
tapi kumaha ilaharna kuwung-kuwung. Aya tujuh lapis kuwung-kuwungna. Nya kabita
pisan ceuk Nyi Putri. Anjeuna moal kebat ngiring ka ramana, anjeuna badé tatapa
waé, adeuk ngababakan di éta lebak. Nya ku Ramana diwidian. Ngan Nyai Putri
Gandrung Arum nyungkeun widi karamana hoyong dibaturan ku tujuh istri atawa
tujuh cawéné anu pada-pada sarimbag sareng pada-pada gaduh tanda, ieu tanda
manrupa karang, nya karang anu gedéna sagedé siki béas. Nya karang dina naonana
mah duka, pokona aya hiji ciri yén éta cawéné téh ngagaduhan karang sabab Nyi
Putri Gandrung Arum ogé ngagaduhan karang.
Numutkeun carita ieu kahayang Nyi Gandrung Arum téh diwidian ku
Prabu Siliwangi, pokna “Heug atuh Nyai, cig wé arék ngababakan mah, kalawan di
lebak dinya ku ama rék dingaranan Lebak Cawéné. Lantaran aranjeun pisan anu
ngabarabakan, sarta aranjeun masih kénéh cawéné, (masih parawan tacan miboga
salaki).
Ayeuna urang balik kana hiji sélér dina carita Pajajaran nya éta
carita dina mangsa Kalang Sunda makalangan. Dina waktu Kalang Sunda nyumputkeun
Nyai Putri Puramasari di Gunung Sireum, manéhna kasasar katalimeng. Maon
margina? Margi ninggali cika-cika anu sesah pisan diuber-uberna, nya ari brasna
ka Lebak Cawéné téa, tapi harita mah tacan disebut Lebak Cawéné, harita téh
Rakéan paamprok jeung Nyai Putri Gandrum Arum anu maksadna mah lein milari Nyai
Putri, tapi kasasar nya dibagéakeun pisan ku Nyai Putri Gandrung Arum. Rakéan
Kalang Sunda ogé ngarasa reuwas, teu nyangka Nyai Gandrung Arum ngababakan
didinya. Naon margina? Margina Rakéan Kalang Sunda mah teu ngiring sareng
rombongan Prabu Siliwangi tapi ngaping Nyai Putri Purnamasari. Jadi benten
jalan, papalimpang jalan.
Sanggeusna dibagéakeun ku Nyai Putri Gandrung Arum, anjeuna
ngadongéngkeun pamaksadanana pikeun tatapa di ieu tempat. Rakéan Kalang Sunda
lajeng wakca yén éta palataran téh rék dipageran ku caringin salapan sareng ku
kiara anu nyakra bumi, jadi moal kapanggih ku sakur jalma nu néangan. Sangkan
ulah gampang teuing jelema nyaho kana enggon tatapa jeung ngababakan aranjeun,
ku Kula rék dingaranan Lebak Cawéné. Kalawan arék dipager deui ku awun-awun di
“Téja Wulung” naon margina sankan éta leuweung sok sanajan beurang tapi
salamina bakal poék margi ku halimun. Jadi didinya mah bakal terus aya halimun.
Nya kitu deui ceuk Nyai Putri.
“Heug atuh Rakéan ari arék dipageran mah nya sukur, kalawan ieu lebak
téh rék dipénta dingaranan”.
Nya ku Rakéan ogé di sebut waé Lebak Cawéné. Saparantosna kitu Nyai
Putri Gandrung Arum mageran kénéh, Nyi Putri Gandrung Arum sasauran.
“Sing saha nu hayang nyaho ka Lebak Cawéné, ngan ukur arinyana nu
kawaris. Ari anu teu kawaris mah moal. Sedeng anu kawaris téa teu sadayana
sakur, 1) budak angon; 2) anu disebut budak janggétan. Éta wungkul anu baris
nyaho ka Lebak Cawéné téh. Saha-sahana mah duka. Sok sanajan éta anu kawaris,
tapi lamun hayang asup ka Lebak Cawéné, tetep kudu dilawang sakéténg. Saha-saha
anu henteu ngaliwatan lawang sakéténg, pasti kana sasabna.” Ceuk kolot anu
terang kana Lebak Cawéné kudu liwat Lawang Sakéténgna nu miboga ciri. 1)
tipalih kidul; 2) ti palih wétan; 3) ti palih kalér. Jadi saha-saha anu adeuk
ka Lebak Cawéné taya ngaliwatan Lawang Sakéténg tangtu maol bisa asup.
Jadi ceuk cohagnana mah, Lebak Cawéné téh mangrupa leuweung
geledegan, kiwari tacan kasaba ku sakur jelema. Engké jaganing géto pikeun
pigeusan warisna urang pangawinan. Ari anu disebut urang pangawinan téh nya éta
saperti di jaman Sukarno baheula aya anu ngarana Cakrabirawa. Di Pajajaran téh
nya éta sapertos Cakrabirawana. Anu disebutna nya éta barisan Pangawinan. Éta
barisan Pangawinan téh nya éta rahayat Pajajaran nu mundur jeung kalabur
meuntas nalika runtagna Pajajaran. Cenah turunana aya di daérah Citorék
Kabupatén Lebak Rangkas Bitung. Malah
nepi ka kiwari loba urang Citorék anu nareangan Lebak Cawéné. Malah dina taun
1964 upama teu lepat kantos urang Citorék nepangan Bupati Sukabumi, harita
bupatina téh Pa Kudi, R. Kudi Suriadiharja. Upama teu lepat mah cenah
nyuhunkeun, pajar cenah di daérah Palabuan Ratu téh aya leuweung anu katelahna
Lebak Cawéné, nyuhukeun pikeun pilembureun, tapi harita henteu dipaparinkeun.
Nya harita Puun Citorék anu katelahna Puun Madrayi ngarasa éra tug nepi ka
tilar dunyana. Sabab éta ku rahayat alatan geus diémbar-émbar. Sedengkeun ku
Bupatina teu dibikeun alatan aya hiji jalma anu kasasar, sasar ngawarugakeun
Lebak Cawéné dina sateuacan mangsana. Éta ogé numutkeun katerangan ti rahayat
Minda Kalangan.
Lajeng sakur anu néangan Lebak Cawéné nepi ka kiwari taca aya anu
manggihan. Jadi hartina isuk jaganing géto LebakCawéné téh tetep mangrupa
warisan urang Pangawian, nya éta anu tadi disebatkeun yén kiwari masih kénéh
aya turunan-turunanana nya éta urang Citorék
Gunung Kendeng. Tapi Lebah mana mah, dugi ka kiwari tacan kasaba,
kulantaran hésé disabana lamun henteu boga sadu muhungna (mantrana), upama ka
luar nagri mah kudu aya pasporna. Nu ngan bisa asup ka Lebak Cawéné téh nya éta
Rakéan Minda Kalangan jeung duka saha deuina. Nya mudah-mudahan nu séjén ogé
bisa apal kumaha Lebak Cawéné.
(Anis Djati Sunda)
C. Babad
Carita Palabuanratu
Numutkeun carita pantun Bogor mah, Palabuhan Ratu diadegkeunana nya
éta ku Nyai Ratu Puun Purnamasari nu katelahna Nyai Putri Purnamasari putri
bungsu ka tujuh Prabu Agung Siliwangi nalika anjeuna jeneng jadi pangawasa di
Pakuan Pajajaran Tengah. Naon pangna disebut PajajaranTengah? Numutkeun pantun
Bogor disebut Pajajaran Tengah nya éta Sukabumi, Cianjur sarta Palabuhan Ratu.
Saétuna anu disebut Pajajaran Tengah téh aya lima. Tapi pikeun saheulaanan mah
keun waé ulah waka diguar, nu utama mah ieu heula.
Nyai Ratu Puun Purnamasari dina ngababakan Palabuhan Ratu saéstuna
mah heunteu niat ti angalna. Kabeneran nalika Pajajaran Tengah keur dibuburak
ku Banten, Demak, jeung Cirebon. Runtagna Pajajaran téh dina serangan anu ka
tilu kalina. Nya éta sanggeuna Banten meunang bantuan ti Cirebon jeung Demak.
Dina éta serangan, Prabu Siliwangi jeung sadaya rahayatna di Bogor marubus maur
ka béh kidul.
Harita Prabu Siliwangi boga pamaksadan arek meuntas ka Crismast
Island (pulo Shr.) harita mah katelahna pulo Nusa Larang. Tapi disagedengeun
éta kalabur, ieu masarakat téh kabagi-bagi. Aya anu satuluyna ngilu ka Prabu
Siliwangi, aya anu ngilu jeung nu séjéna, aya ogé nu pasrah. Harita anu nepi ka
daérah Palabuan Ratu diantarana nya éta Nyai Putri Purnamasari bareng jeung
salakina nya éta Radén Kumbang Bagus Sétra, nu harita mah keur papanganténan
kénéh. Nalika lalampahan ka Palabuan Ratu, Radén Kumbang Bagus Sétra salakina
Nyi Putri Purnamasari tilar dunya alaran tigebrus kana taneuh. Nya kira-kira di
sabudeureun daérah Bantargadung.
Dina waktu harita Nyi Putri Purnamasari téh aya mikahayang pikeun
dijadikeun garwana, malah Nyi Putri nepi ka di uber-uber sagala, manéhna nya
éta Jayaanté Mantri Majeti di Pajajaran. Dina mangsa harita téh aya Puragabaya
anu katelahna Rakéan Kalang Sunda. Nya harita pisan Nyi Putri téh disalametkeun
ku Rakéan Kalang Sunda, nu kenging wawadi ti Ki Léngsér yén Putri Purnamasari
geus kakandungan ti Radén Kumbang Bagus Sétra. Jayaantéa tetep nguber-nguber
Nyi Putri, tug nepi ka Gunung Jayanti nu ayana di daérah Bagbagan, saméméh
Palabuhan Ratu saupama arahna ti Sukabumi.
Nyi Purti Purnamasari meuntas Cimadiri ka béh kidul. Di éta tempat
anjeuna ngababakan anu katelahna Babakan Cidadap (tapi lain Cidadap anu kiwari
aya di Palabuhan Ratu, upama ayeuna Cidadap anu katelahna Bojongkopo),tah lain
Cidadap Bojongkopo tapi Cidadapna ayana antara Walungan Ci Mandiri jeung urut
walungan Ci nyosok, kira-kira di lebah dinya Cidadap ayana. Di sabudeureun
Mariuk nepi ka Babakan Lebu. Ngan walungan Cidadapna kiwari mah geus taya sabab
geus kasaeur jadi palataran nu kiwari dijieunan imah sarta sungapan Cidadapna
ogé teu jauh tidinya nya éta anu jadi Sumber Loa.
Éta ogé Sumber Loa dibabakanana ku Nyi Putri Purnamasari jeung
Rakéan Kalang Sunda, lila ku lila ieu patempatan jadi ngagedéan tug nepi ka
jadi lembur geus lembur jadi kampung. Malah tisuklahna – ti siklukna dararatang
nya atukna ieu tempat katelahna Palabuhan Nyai ratu. Anu dimaksud Palabuhan
Nyai Ratu lain hartina tempat labuhna nyai ratu tisolédat, tapi balabuhna Nyai
Ratu Purnamasari. Nyi Putri di angkat jadi Ratu Puun. Saupama ayeuna mah Puun téh nya éta lurah, biasana urang Baduy
masih kénéh ngagunakeun kekecapan Puun. Nya kitu, di ieu tempat Nyi Putri
katelah jadi Nyi Ratu Puun. Palabuhan sorangan katelah ogé Palabuan Nyai Ratu,
kitu numutkeun pantun bogor mah.
Ari Jayaantéa kamana nguber-nguber saleresna. Mangsa lembur kakara
ngadeg saung Nyi Puun Ratu sareng Rakéan Kalang Sunda. Harita Jayaantéa rék
nepungan Nyi Putri. Sanggeuna kapaggih raratanana ku Jayaantéa, der baé paséa
jeung Rakéan Kalang Sunda nya éta di Karang Pamulang tutugan Gunung Jayanti ,
didinya satarikna, éta nu ngarana Jayaantéa dibantingkeun ka laut. Cenah ieu
tempat kiwari ngarana Jayanti, nya éta tina Jayaantéa nu satuluyna katelah
Jayanti. Sabab hésé nyebutkeun Jayaantéa, jadi Jayanti. Kitu kurang leuwihna
éta carita.
Sampeur carita papagkeun nu nyarita, yén ieu tempat anu di babakan
téh jadi geus leuwih ramé, malah nepi ka tangkulak jeung kajojo ti cina sagala.
Raména ieu lembur sanggeusna Nyi Puun Ratu ngababarkeun putrana. Tuluy si utun
téh dingaranan Nyi Putri Mayang Sagara Pamulangan. Numutkeun caturangga isuk
jaganing géto Nyai Putri Mayang Sagara baris katelah Nyi Ratu Kidul. Jadi Nyi
Putri Mayang Sagara téh miboga wilayah nu ngawengku, tapelwates jeung Cianjur
Kidul kurang leuwih ti basisirna nepi ka Tanjung Panto sarta Buniangeun di
Banten Kidul. Numutkeun kana caturangga mah éta kakawasaan Nyi Putri Mayang
Sagara.
Kiwari, naon pangna Palabuan Ratu henteu di Cidadap atawa henteu di
muara Cimandiri. Sabab sanggeuna Nyi Ratu Puun tilar dunya, tuluy dimakamkeun
di éta patempatan nu katelahna Kiara Papak. Harita kalungguhan dipasrahkeun ka
Nyi puti Purnamasari, lila di Cidadap taya dangiangna éta patempatan
ditinggalkeun Nyai Ratu Purnamasari. Satuluyna éta pakampungan tuluy dialihkeun
ku para sesepuh kampung ka tempat nu kiwari nelahna Palabuan Ratu. Jadi
Palabuhan Ratu mah nya éta sesebutan ti
urang Cidadap. Anu timana timendina hartina angger balabuhna nyi ratu téa atawa
Nyai Ratu Puun Purnamasari.
(Anis Djati Sunda)
D. Pieunteungeun
Kardun
Kacaritakeun di hiji daérah nu ngarana Cibusang aya saurang jalma
beunghar nu ngarana Kardun. Manéhna pangbeungharna di étakampung sabab karak
meunang harta warisan ti indung bapana nu anyar tilar dunya. Ieu warisan
mangrupa sawah mang héktar-héktar, kebon palawija jeung munding lima.
Kardun pakasabanana nya éta patani, unggal saminggu sakali manéhna
ngajual hasil tatanéna ka kota. Kardun miboga sipat resep balanja, barang beuli
barang-bgarang anu tacan dipimilik ku jalma nu aya di lemburna. Warga kampung
Cibusang nganggap Kardun jalma royal beuki barang beuli. Ari Kardun mah ngarasa
gumbira saupama meuli barang nu tacan dipiboga ku nu lian.
Hiji mangsa Kardun indit ka kota. Niatna pikeun balanja kaperluan
sapopoé. Salian ti balanja, Kardun nempo kahirupan urang kota. Nempo jalma maké
raksukan nu garinding sarta lar sup ka toko pikeun balanja. Kahirupan kota
memang taya eureuna, ti isuk nepi ka isuk deui. Réstoran pikeun ngawadang pinuh
ku jalma nu barang beuli. Harita Kardun inget ka lemburna, inget ka para patani
nu gawéna ti isuk metung nepi ka beurang mentrang tapi angger hahasilana
saeutik. Nu kabayang ku manéhna di lembur mah hésé néangan duit. Sok komo aya
tempat hiburan samodél di kota aya film bioskop dalah layar tancep gé sataun
sakali.
Tukang dagang di kota dagangna gararenah, kari cicing, ngadagoan anu
meuli. Béda jeung manéhna, anu kudu ngajugjug heula saupamana arék ka kota téh,
barijeung beberengkes mawa hasil tatanén. Kitu ceuk pikir Kardun mah.
Disangkana hirup di kota téh genah, merenah, tumanimah. Teu capé gawé tapi
hirup senang. Tidinya mimiti Kardun boga pikir hayang cicing di kota sabari
dagang.
Sanggeusna dipikir-pikir, atukna Kardun ninggalkeun desa Cibusang
rék indit ka kota. niatna taya lian nya éta hayang usaha di kota. Kabéh
pakayana tina warisan dijual pikeun modal di hirup di kota. Ieu hal tanggtu
ngajadikeun masarkat desa Cibusang tumanya. “Kunaon harta warisanana dijualan?”
Kardun ngajawab “Engké gé nu dijual mah bakal kagantian”. Numutkeun itunganana,
engké sanggeus usahana di kota manéhna bakal gancang beunghar. Ku cara kitu ,
manéhna bisa meuli deui pakaya nu ayeuna di jualan.
Saminggu kahareupna Kardun pindah ka kota tuluy manéhna ngamimitian
dagang. Tapi naon nu baheula dipikirkeun gening béda jeung kanyaataanana. Sabab
Kardun teu apal ku maha carana dagang di kota. Dina ngalakonan dagang manéhnana
mah masih kénéh jujur. Tangtu sikap samodél kitu teu luyu jeung kabiasaan di
kota nu garesit. Dagang di kota mah kudu gesit jeung kudu bisa nempo kaayaan.
Kusabab Kardun mah teu apal élmu dagang dikota. Nya tangtuna waé,
dagangna nandangan rugi. Saeutik-saeutik barangna ngurangan anu atukna
bangkrut. Pikeun nyumponan pangabutuh sapopoé kapaksa manéhna ngajual imahna.
Tuluy ngontrak imah nu murah. Tapi sok sanajan kitu, angger wé kabiasaan hayang
cara urang kota mah teu dileupaskeun. Teu lila kitu, pakayana béak taya nu
nyésa sabab dipaké senang-senang waé. Atukna manéhna malarat tuluy balik deui
ka lemburna.
E.
Parabel
Hordah
Kacaritakeun dina jaman baheula di hiji lembur aya kulawarga nu
miboga saurang budak awéwé nu geulisna kawanti wanti. Ngarana nya éta Nyi
Iteung. Teu saeutik lalaki anu ka gégéloan ngajak kawin ka manéhna, nepi ka
daratang ka imahna. Tapi unggal nu datang sok ditolak waé ku Nyi Iteung.
Dina hiji poé, aya jajaka nu datang ka imah Nyi Iteung. Ieu jajaka
ngarana si Kabayan. Sanggeusna ngetok panto tuluy uluk salam. Teu lila Kabayan
dititah asup kajero, manéhna diuk dina korsi di tengah imah.
Harita anu nyanghareupan Kabayan téh nya éta abahna Nyi Iteung. Abah
Nyi Iteung tumanya.
“Naon pamaksadan ujang kadieu?”
“Maksud kuring kadieu téh, nya éta badé ngalamar Nyi Iteung” ceuk
Kabayan tog mol.
Ngadéngé kitu, Abah Nyi Iteung rada reuwas. Teu lila tuluy nyarita
deui. “Punten Jang, Nyi Iteung téh bakal dikawinkeun ka jajakan nu apal kana
masalah.” Masalah anu dimaksud didieu nya éta masalah agama.
“Tong keueung bah, kurung jalma ngarti masalah” ceuk Si Kabayan
gancang ngajawab.
Ngadéngé kitu, Abah Nyi Iteung ngarasa bungah. Pikeun ngabuktikeun bener
jeung henteuna omongan Si Kabayan. Tuluy Abah Nyi Iteung tumanya, “Saupama
kitu, engké di lembur sabeulah bakal aya pangajian. Urang tolaban ka ditu.
Engké Jang Kabayan kudu ngajelaskeun, masalah naon nu ditepikeun dina éta
pangajian”
Kabayan sapuk kana éta paménta. Isukna pasosoré Kabayan jeung Abah
Nyi Iteung, babarengan indit ka tempat pangajian. Saméméh asup ka kampung,
maranéhna ngaliwatan gardu ronda nu aya di gapura kampung. Sabot kitu, aya
saurang jalma nu tumanya, ”
“Hordah!
Arék kamana?”
“Ka tempat pangajian” Ceuk
Kabayan, ngajawabna cekatan. Sanggeus kitu lalapahan dteruskeun deui.
Teu lila kitu, Abah Nyi Iteung tumanya “Masalah naon hordah téh
jang?”
“Bogo” ceuk Kabayan ngajawabna cekatan. Teu lila kitu, tuluy
leumpang deui. Teu lila Abah Nyi Iteung tumanya deui.
“Jang,
kumaha kitu ari warnana bogo?”
“Beureum
jiga pucuk daun karet” ceuk Kabayan ngajawabna cekatan.
Abah Nyi Iteung mingkin panasaran kana kapinteran Si Kabayan. Ungal
di tanya aya waé jawabeunana téh. Saméméh nepi ka tempat anu di tuju, tuluy
Abah Nyi Iteung tumanya ka Si Kabayan, “Jang ari bogo téh ngeunah?”
“Ngeunah sabab bogo téh manuk” ceuk Kabayan cekatan ngajawabna.
Atukna Abah Nyi Iteung ngarasa éra ku Si Kabayan. Sabab unggal ditanya bisa wé
ngajabanana téh. Abah ngaku, yén Kabayan nya éta jajaka anu cocog pikeun
pisalakieun Nyi Iteung. Tuluy pok nyarita “Jang, ieu lalampahan teu kudu
dituluykeun. Cukup nepi ka dieu, sabab ujang nya éta jalma anu bener-bener
ngarti kana masalah.”
Nya teu lila ti harita Nyi Iteung dikawin ka Kabayan. Kalayan
péstapora nu pohara raména.
Sop Wortel
Bapa jeung Ma Ésih katélah salaku patani nu leukeun pisan. Kebona
pinuh ku sabangsaning sayuran jeung tangkal buah. Arinyana ogé miara hayam, tug
nepika tina hasil tatanén jeung tina hayam geus nyukupan pangabutuh sapopoé.
Salaki pamajikan ieu dipikawanoh hadé budi. Sok tutulung ka jalma nu
ngabutukeun.
Hiji wangsa aya Wadana bareng lurah ngalongok ka ieu lembur. Wadana
ngarasa sugema kana tatanén nu dilakonan ku ieu masarakat. Sok komo nalika ninggali
kebon aki jeung Ma Esih. Ieu Wadana cumarita yén cara nu dilakonan ku aki jeung
Ma Esih perlu dipiconto Ku balaréa. Tawis katineungna Aki jeung Ma Esih di
ondang ka imahna Wadana di kota.
Sababaraha poé kahareupna, ieu salaki pamajikan téh indit ka kota.
Inditna ka imah Wadana sabari barangbawa hasil tatanéna. Bu Wadana geus nyaho
ti Wadana ngeunaan alus budina aki jeung Ema Esih. Satuluyna aki jeung Ma Esih
di jamu ku kadaharan kota.
Nalika ngawadang, Bu Wadana nyuguhkeun deungeun sangu, diantarana
nya éta sop. Ieu sop di perhatikeun ku aki jeung Ema Esih. Naon pangna sabab
rasana ngeunah. Tuluy éta sop ditelek telek,
dijora aya daging diteukteukan, tuluy aya sayur warnana konéng. Ceuk
pikirna éta sayur anu warna konéng téh nya éta konéng. Harita aya pikir Arék
ditanyakeun tapi kapegung ku rasa éra, ku kituna teu ditanyakeun.
Sangeusna balik ti imah Wadana, ieu Aki jeung Ema Esih miboga pikir
pikeun nyieun pasakan nu sarua. Teu lila tuluy ngala konéng ti kebon sarta
meuncit hayam pikeun dagingna. geus konéng jeung daging diteukteukan tuluy
dipasak, sanggeusna asa tuluy diasaan, tapi rasana béda jeung nu di imah
Wadana. Lain ngeunah tapi kalah konéng kana huntuna. Pasakan anu aya di imah
Wadana mah, caina ogé hérang tapi anu ieu mah kalah konéng. Sanggeusna kajadian
éta, Aki jeung Ma Esih sapuk pikeun datang deui ka imahna Wadana, maksudna
pikeun tumanya ngeunaan éta sayur.
Satepina di imah wadana, pérélé waé kajadian kamari di caritakeun ku
Aki jeung Ma Esih. Ngadéngé éta carita, atuh puguh Bu Wadana teu kuat hayang
seuri, tapi kapaksa seurina ditahan sabab bisi ngajadikeun Aki jeung Ma Esih
kasinggung. Bu Wadana ngajelaskeun yén anu konéng dina sayur sop téh nya éta
wortel.
Balikna ti imah Wadana, ieu Aki jeung Ma Esih di bekelan wortel,
malah mah jeung bibitna sagala. Maklum harita mah wortel téh tacan lona
dipikawanoh jeung tacan loba anu melak samodél di kampungna Aki jeung Ma Esih.
(ieu data kenging copast ti rerencangan nu nuju ngaping tutunggul di tata Pajampangan)
Nepangkeun, Pribados Putra na Askar Suriadihardja, Putuna Pa Kudi Suriadihardja..... Abdi damel di Indramayu, Linggih di Sukaraja, Sumedang... Aki, pupus taun 1992, dikurebkeun di Sukasirna, Sumedang.
BalasHapussampurasun kang admin....
BalasHapusngiriing aub sakedap, dongengna mani sae. nembean maca ning dongeng ti sukabumi. sareng ngiring ngabala didieu : http://www.mygurukufile.ml/2016/03/media-pangajaran-aksara-sunda.html
hatur nuhun
haturnuhun pisan.. alhamdulillah ngabantos pisan..
BalasHapus