Pangajaran Drama


APRESIASI DRAMA
1. wangenan Drama
Nurutkeun étimologina, kecap drama téh asalna tina basa Yunani, nya éta tina kecap drama anu hartina “gerak” (Asmara, 1979:9). Tina éta kecap, bisa ditapsirkeun yén drama téh karya sastra anu ngutamakeun gerak jeung tingkah laku. Saupama euweuh gerak, heunteu bisa disebut drama, lantaran unggal-unggal karangan atawa naskah drama miharep ayana gerak atawa réngkak paripolah anu ngagambarkeun kahirupan manusa.
Luyu jeung keterangan di luhur, Rusyana (1982:3) netelakeun cirri-ciri karangan drama anu unina, “Karangan drama isinya memaparkan percakapan dan perilaku. Dari percakapan dan perilaku itu tersusun suatu cerita, perwatakan, dan suatu cerita. Karangan drama biasanya disuse untuk dipertujukan”. Keterangan sejenna ngeunaan drama. Nya eta carita anu ngadung tema tangtu, diebrehkeun make dialog jeung rengkak paripolah palakuna (Sumardjo &Saini K. M. 1986:31).
4. Sejarah kamekaran drama

Dina kahirupan masyarakat (sunda) geus nyampak seni anu geus lila tumuwuh sarta hirup ti generasi ka generasi; nu mangrupa seni pintonan, diantarana bae longser. Dina kamekaran nu saterusna, wangun pintonan dirarobah jadi hiji seni pintonan anu dilarepkeun kana wangun sandiwara rakyat. Jejer caritana biasana dicokot tina carita-carita buhun anu geus nyampak di masyarakat, upamana bae sarita pantun jeung dongeng, saperti “Lutung Kasarung“, “Mundinglaya Dikusuma“, jeung “Si Kabayan“.
Naskah drama nu munggaran aya di Tatar Sunda, dipikawanoh bareng jeung ayana lakon nu katelah Gending Karasmen. Gending Karasmen mimiti dipikawanoh ku masyarakat sunda kira-kira taun dua puluhan, sanggeus masyarakat wanoh kana Opera Barat Komedi Istambul. Iye luyu jeung pamanggih Rusyana (1992 : 147) anu ngeceskeun yen gelarna sandiwara di urang saentragan jeung Komedi Istambul dina basa melayu (gelar dina awal abad ka-20) jeung ketoprak jawa. Bareng jeung gelarna sandiwara, gelar deui Gending Karasmen.
Satuluyna drama teh model Gending Karasmen leuwih mekar, kabuktian ku ayana para pangarang gending karasmen saperti R. Mahyar Anggakusumadinata, R. Memed Sastraprahadiprawira, jeung M.A. Salman.
Ku ayana rombongan Dardanela nu mawa pangaruh kesenian teaterikal barat dina abad ka-19, nepungkeun aliaran teater barat jeung aliran teater tradisi nu nyampak di masyarakat Indonesia, kaasup kana kasenian nu anyar di tatar sunda. Naskah drama asup kana bagian kagiatan teaterikal di tatar sunda (Jawa Barat ) ku alpukahna R.T.A Sunarya nu nyiptakeun Gending Karasmen Lutung Kasarung, dumasar kana carita pantun; R. Memed Sastrahadiprawira nyieun “Kindran Kamasan“ anu diwuwuh ku sajak, jeung sangkuriang nu direka Utuy Tatang Sontani.
Mimiti dipagelarkeun Gending Karasmen nya eta taun 1923 sakumaha anu ditetelakeun ku Isakandarwassid (2003 : 61) nu ngeceskeun yen dina taun 1923 Raden Kartabrata magelarkeun carita “Lutung Kasarung“ dina wangun Gending Karasmen.
Naskah-naskah drama sejena dina wangun gending karasmen diantara nya eta : “Sangkuriang“, beunang R.T.A Sunarya, “Mundinglaya Dikusuma“, “Inten Dewata“, “Galunggung Ngadeg Tumenggung“, jeung “Nyi Rambut Kasih“, benang Wahyu Wibisana; “Si Kbayan Balangantrang“ beunang Wahyu Wibisana jeung Koko Koswara: “Leuwi Sipatahunan“ jeung “Saija jeung Adinda “, “sarta Sri Baduga Maharaja” beunang R.A.F jeung Koko Koswara;sarta “ Lutung Kasarung “ beunang Sayudi.
Dina kamekaran saterusna, lahir anu disebut drama modern dina taun 1950-an, wangunna lancaran, nu dialpukahan ku Utuy Tatang Sontani nu nulis drama tilu babak “Sangkuriang-Dayang Sumbi“ (1953) anu satuluyna dirobah jadi “Sangkuriang” (1955). Karya-karya drama sejena nu disebut modern diantarana bae nyaeta “Dakwaan“, “Babat “ jeung “ Jalan Leumpang” beunang R.T.F ; “Dua Utusan“, “Suling jeung Peuting“, “Tina Jandela“, “Bawa Kuring ka Ciawang“, beunang Wahyu Wibisana; “Hutbah Munggaran di Pajajaran “ beunang Yus Rusyana; “Nu Mulang“ jeung “Kanyaah Indung“ beunang Min Resmana; “Masitoh“ beunang Ajip Rosyidi; “Bandung Lautan Api“ beunang Rukasah S.W; jrrd. Najan sok kapangaruhan ku sastra Indonesia, malayu malah asing, tapi dina ngagelarkeunnana mah tara leupas tina tradisi sastra jeung budaya sunda.
5. Bagbagan Drama

Drama teh dipasing-pasing dumasar kana (1) cara mintonkeunana, (2) sipatna, (3) babagian drama jeung (4) unsur-unsur drama 3.1 Dumasar Cara Mintonkeunana
Dumasar kana cara mintonkeunana, drama teh kabagi kana opat bagian, nya eta drama rakyat, drama modern, drama klasik, jeung gending karasmen.
d. Drama Rakyat

Drama rakyat nyaeta drama nu asalna ti rakyat sarta tumuwuh dikalangan rakyat, biasana aya jeung dipake dina kagiatan atawa upacara-upacara nu sipatna tradisi. Ieu hal luyu jeung sakumaha anu ditetelakeun ku Sudjiman (1990 : 23) yen anu dimaksud drama rakyat teh nyaeta kagiatan dramatik anu dilakukeun ku masyarakat dina rupa-rupa upacara sosial kaagamaan; drama anu asal sarta tumuwuh di kalangan masyarakat. Contona : longser.
e. Drama Modern

Drama modern teh biasana sok disebut tunil atawa sandiwara, disebut drama modern kusabab dina pagelarana geus aya jarak antara nu lalajo jeung nu maen (panggung, make-up,dialog ), sarta aya naskah (teks). Contona drama : drama tilu babak “Sangkuriang-Dayang Sumbi“ beunang Utuy Tatang Sontani (1953), “ Masitoh “ beunang Ajip Rosidi, jrrd.
f. Drama Klasik

Drama Klasik nya eta drama carita anu medar caritana ngeunaan kahirupan dewa-dewi (Yunani). Contona : Naskah drama “The Legend of Yunani“ karya William Sheksphere.
g. Gending Karasmen Gending Karasmen sok biasa disebut drama swara, nya eta carita nu dialogna dina wangun kawih, dipirig ku waditra (Iskandarwassid, 2003 : 6) sedengkeun Rusyana (1992 : 145) ngeceskeun, nu disebut gending karasmen teh nya eta drama anu pagunemanana ditembangkeun. Dina Kamus Umum Basa Sunda LBSS (1995 : 144) disebutkeun yen gending karasmen nya eta sandiwara ku tembang atawa leuwih dipirig ku gamelan, opera. Contona : “Sangkuriang“, beunang R.T.A. Sunarya, “Nyi Rambut Kasih“ beunang Wahyu Wibisana, “Lutung Kasarung“ beunang Sayudi, jrrd.
Nilik kana pamedegan di luhur, bisa dicindekeun yen gending karasmen bias disebut drama swara atawa sandiwara anu dialog-dialogna dina wangun kawih atawa tembang sarta dipirig ku waditra ( Gamlean ).
5.2 Dumasar kana sipatna

Sipat drama bias dipilah-pilah. Sakumaha anu ditetelakeun ku Tarigan (1993 : 82) yen sipat drama kabagi kana opat jenis, nya eta tragedi, komedi, melodrama, jeung farce.
a. Tragedi

Tragedi nya eta drama anu pinuh ku hal-hal anu pikasediheun, katunggaraan, alatan ku teu biasa ngalawan nasib (Asmara, 1979 : 50), sedengkeun Sudjiman (1990 : 15) ngeceskeun tragedi teh nya eta :
“……..cerita yang meluluskan pertentangan diantara pratagonis dengan kekuatan yang luar biasa, yang berakhir dengan keputusan atau kehancuran sang pratagonis……drama yang menampilkan tokoh yang sedih dan muram yang terlibat dalam situasi gawat karena sesuatu yang tak menguntungkan, keadaan ini mengantarkan tokoh
kepada keputusan dan kehancuran yang luar biasa yang berakhir dengan malapetaka atau kesedihan.,”
Iskandarwasssid (2003 : 163) nyebutkeun yen istilah tragedi mindeng digunakeun dina ulikan sastra, utamana dina (carita) drama. Midangkeun adegan-adegan penting tur serius anu ngabulakarkeun carita (asoy, kamaya, sedih, jste.) keur palaku utama ( pratagonis ); ku lantaran nasib, kalemahan moral tokoh atawa teu kuat nahan paneka masyarakat. Dumasar kana pamadegan-pamadegan di luhur, jadi nu di sedut (drama) tragedi teh nya eta carita (drama) anu enas-enasna mah nyaritakeun hal-hal anu pikasediheun nu kaalaman ku palaku utama ku sabab nasib anu mihak ka manehna.
b. Komedi

Komedi teh nya eta drama atawa carita anu pungkasna kabagjaan keur palaku utama atawa temana henteu tragism rupa-rupa pagelaran anu ngolah humor sarta dipungkas ku kabagjaan palaku utama (Iskandarwassid 2003 : 64)
Pamadegan Asmara (1979 : 500) ngeceskeun yen komedi teh nya eta drama anu pinuh kupikseurieun sarta dipungkas ku kagumbiraan atawa hiji pananya ka nu lalajo. Sedengkeun pamanggih Sudjiman (1990 : 23) netelakeun yen disebut komedi teh nya eta “lakon ringan yang sipatnya menghibur, walaupun secara keseluruhan dalam ceritanya ada sindiran, dan berakhir dengan kegembiraan.“
Mun dicindekeun anu disebut drama komedi teh nya eta carita (drama) nu pinuh ku hal-hal pikaseurieun (sabalikna tina trgedi), ngahibur, jero pagunemana biasa mangrupa sindir sampir, sarta ahir caritana pikabungaheun.
c. Melodrama
Melodrama nya eta drama anu rea ngolah konflik batin, rea ngolah anu ngagambarkeun gerakna lautan rasa (Iskandarwassid 2003 : 82). Melodrama mangrupa lakon atawa sentimental ngegeterkeun jajantung sarta pikasediheun ku sabab ngagarap alur jeung kalakuan anu kaleuleuwehi, sedengkeun penokohanana kurang diperhatikeun. Melodrama disa disebut oge sandiwara sedih.
d. Farce

Farce nya eta carita ( drama ) anu caritana leuwih nyoko kana alur caritaan tinimbang kana penokohan atawa kana karakteristik, sarta caritana pikalucueunana kaleuleuwihi atawa sangeunahna. Nurutkeun Jhon jeung Hasan (1990 : 223), farce adalah pertunjukan jenaka, sandiwara pelawak/lelucon.
5.3 Babagian drama

Babagian drama anu raket jeung drama dina wangun pintonan nya eta babak, adegan, prolog,dialog,pasemon jeung epilog.
a. Babak

Babak nya eta bagian tina drama anu ngarangkum sakabeh kajadian lumangsung dina hiji tempat dina urutan waktu nu tangtu; gabungan atawa kumpulan tina sababaraha adegan dina hiji drama (Eneste, 1994 : 18).
Pamadegan anu sarua ditepikeun ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 136) yen babak nya eta ngarangkum sakabeh kajadian nu lumangsung di hiji tempat tina urutan waktu nu tangtu. Sedengkeun nurutkeun Sudjiman (1990 : 11) nu disebut babak nya eta bagian tina drama atawa lakon.
b. Adegan

Adegan nya eta tempat lumangsungna hiji kajadian, nu mangrupa bagian tina babak dina drama nu ngahasilkeun hiji pasualan atawa hiji akibat nu tangtu (Sudjiman, 1990 : 2)
Pamedegan nu sarua ditetelakeun ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 136) yen anu disebut adegan teh nya eta bagian tina babak anu watesana ditangtukeun ku robahna kajadian anu patali jeung dating atawa inditna saurang palaku carita kaluar panggung.
Eneste (1994 : 13 netelakeun yen anu disebut adegan nya eta bagian tina babak dina drama, anu watesana ditangtukeun ku robahna kajadian kusabab datangna saurang atawa sababaraha urang palaku carita dina panggung, atawa inditna saurang atwa sababaraha urang palaku carita dina panggung.
Iskandarwassid (2003 : 17) netelekeun yen ciri atawa tanda ganti adegan nya eta lamen ganti jejer paguneman, biasa jadi lantaran asup palaku sejen atawa aya kajadian sejen, tapi henteu ganti tempat, henteu aya watu pegat , sarta henteu ganti episode.
c. Prolog

Dina naskah drama teu sakabeuh naskah aya prolog. Upama ditilik, prolog mibanda mangpaat mangrupa salah sahiji sarana anu aya gunana pikeun nu lalajo atawa anu maca (sastra) sangkan menang gambaran ngenaan masalah , gagasan (ide), amanat pangarang, jalan atawa galur carita, kasan tukang, palaku-palaku nu makalangan, jste. Makdsudna pikeun mantuan nu maca atawa nu lalajo dina nyangkem atawa neleman karya. Ieu hal luyu jeung anu ditetelakeun ku Sumardjo jeung Saini (1988 : 138) prolog nya eta bubuka tina bagian naskah, mangrupa panganteur naskah anu eusina bisa atawa
sababaraha katerangan atawa pamadegan pangarang ngeunaan carita nu rek ditepikeun.
Sudjiman (1990 : 63) ngeceskeun yen nu disebut prolog teh nya eta “ pembukaan atau permulaan yang mengantarkan karya sastra dan yang merupakan bagian karya sastra tersebut, prolog dahulu sering terdapat baik dalam drama maupun roman.”
Prolog teh ditulisna dina awal drama, jadi manggala sastra, di eusi ku katerangan atawa pamanggih pangarang ngeanaan lalakon anu baris disuguhkeun (Rusyana, 1992 : 139).
d. Dialog

Bagian nu kacida pentingna, sarta sacara lahiriah ngabedakeun antara sastra drama jeung fiksi liana nya eta dialog. Ieu hal luyu jeung nu ditetelakeun ku Hartoko (1992 : 128) yen dialog-dialog mangrupa bagian tina naskah nu mangrupa paguneman antara hiji palaku jeung palaku nu sejenna. Sakumaha nu dieceskeun ku Iskandarwassid (2003 : 99) yen istilah dialog nya eta paguneman nu ngandung harti omongan sual jawab nu keur carita, antara dua jelema atawa leuwih. Carita bisa dirakit dina wangun paguneman sagemblengna nya eta dina carita drama.
Numutkeun Sudjiman (1990 : 20) nyebutkeun nu disebut dialog teh nya eta paguneman dina karya sastra dua jelema atawa leuwih, pikeun ngungkabkeun wateuk jeung pikeun ngalancarkeun carita. Dina dialog kagambar lahirna pamikiran atawa pamadegan.
Nurutkeun Rusyana (1992 : 20) yen nu dimaksud paguneman teh kalimat langsung para palaku anu silih tempas. imiti ditulis ngaran palaku, ti dinya ditulis omongan eta palaku. Gegedena tina karangan drama mah nya eta paguneman. Tegesna paguneman teh mangrupa lulugu tina karangan drama.
e. Pasemon

Pesemon, semu atawa paroman nya eta gambaran rasa hate dina beungeut (LBSS 1995 : 4680). Numutkeun Asmara (1979 : 49) nyebutkeun pasemon atawa mimik nya eta ekpresi robahna beungeut pikeun mere gambaran emosi anu kaalaman ku palaku.
f. Epilog

Epilog sabalikna tina prolog. Prolog ditempatkeuna di hareup nu mangrupa bubuka naskah, sedengkeun epilog ditempatkeun di tukang, mangrupa panutup. Eusina biasana kacindekan pangarang ngenaan carita ; aya oge nu ditambahan ku wejangan atawa amanat. Malahan aya epilog nu duwuwuhan ku panuhun pangarang jeung para pamaen ka nu lalajo. Saluyu jeung anu ditetelakeun ku Sudjiman (1990 : 28) yen epilog teh nya eta bagian panutup anu di tambahan kana hiji karya sastra. Fungsina nepikeun inti sari carita atawa napsirkeun eta karya.
Rusyana (1992 : 139) sarua netelakeun yen epilog di tulis tina panutup drama, dieusi ku kacindekan lalakon atawa nasehat.
2. Unsur-unsur Drama
Unsur drama téh kabagi kana sababarah bagian, anu diantarana nya éta: téma, penokohan, latar, alur, amanat (Hasanuddin, 1996:76-104).
a. Tema
Téma dina drama, umumna teu jauh bédana jeung téma dina puisi atawa prosa fiksi, nya éta poko pikiran anu dikandung ku eusi carita. Patali jeung eusi carita atawa lalakon drama, anu bisa jadi aya patalina jeung téma, aya anu disebut drama komédi, drama tragedi, jeung melodrama. Salian ti éta, téma ogé bisa mangrupa pasualan nu diungkapkeun dina hiji ciptasastra (Esten, 1993:22). Iskandarwasid (2003:162) nétélakeun sacara gemet yén téma téh nya éta inti tangtungan atawa inti ageman anu sipatna abstak, dipageuhan dina racikan karangan rékaan pikeun ngayakinkeun anu maca; bisa jadi ku pangarang ditembrakkeun (ditulis). Tapi mimindengna mah implicit. Téma téh jadi pameungkeut sagemblengna carita. Atawa, muncul tina carita sagemblengan.
b. Palaku
palaku atawa “penokohan” dina drama téh nya éta ngaran-ngaran jelema katut pasipatan anu ngalakukeun dina carita drama, palaku téh biasana disebutkeun dina bagian awal naskah drama, anu heunteu kaasup kana lalakon. Di dinya diterangkeun saha-saha waé anti ngaalalakon téh: ngaranna, umurna, pacabakanana, pancakakina, katut hubunganna jeung palaku liana. Patali jeung kalungguhanana dina carita, palaku téh bisa dibagi jad tilu rupa, nya éta palaku utama, palaku pangbantu, jeung palaku panambah. Unggal palaku mibanda karakter atawa pasipatan séwang-séwangan. Dina drama, karakter atawa pasipatan palaku téh diebrehkeun karakter si palaku seperti papakeun. Dina naskah
drama, unsur “pcnokohan” mangrupaaspek nu kawilung, lantaran tina aspek ieu pisan aspék-aspék anu lian bisa mekar, unsur “penokohan” dina naskah drama mah leuwih jéntré diungkapkeunana saupama dibandingkeun jeung dina fiksi (Esten, 1993:76). Sistem ngaran palaku dina teks-teks fiksionalitas mangrupa subsistem tina sistem-sistem séjén anu leuwih gede (Junus dina Hasanuddin, 1996:78).
c. Latar
Latar téh kabagi kana tilu rupa nya éta latar tempat, latar waktu jeung latar sosial. Latar tempat nuduhkeun di mana éta tempat kajadian téh lumangsungna. Dina bagian anu disebut pituduh panggung (stage direction). ta bagian téh nerangkeun kaayaan panggung; latarna kumaha. Paripolah palaku, jeung ngatur kaluar-asupna palaku. Malah sakapeung mah papakéan palaku ogé ditataan dina éta bagian téh. Ari anu nétélakeun latar, biasana aya dina awal babak anyar atawa adegan anyar. Latar mangrupa idéntitas pasualan drama salaku karya fiksionalitas anu ditémbongkeun saliwat ku palaku jeung alur. Saupama pasualan dina drama geus katitén tina alur atawa “penokohan”, latar boga pungsi ngajéntrékeun tempat jeung waktu hiji kajadian. Salian ti éta, latar boga pungsi salaku alat pikeun ngaidéntifikasi pasualan naskah drama keur anu maca (hasanuddin, 1996:94).
d. Alur
Alur, galur, atawa plot téh nya éta rakitan rupaning kajadian nepi ka mgawujud jadi leunjeuran carita. Dina seuhseuhanana mah alur drama téh teu béda jeung alur carita dina carita fiksi séjéna. Ngan biasana dina drama mah anu maca atawa nu lalajo téh teu langsung “digebruskeun” kana pasualan. Ari tempat jeung waktu katut para palakuna, biasana diwanohkeun leuwih tiheula dina prolog, anu aya diluar lalakon. Salaku rangkay tina hiji kajadian alur téh kudu mertélakeun hiji anu kausalitas sabab alur nu hade téh nya éta naskah drama (hasanuddin, 1996:90).
Karakteristik alur drama kabagi kana dua nya éta alur konvénsional jeung alur non konvénsional. Alur konvénsional nya éta saupama hiji kajadian anu ditémbongkeun tiheula pasti jadi hiji balukar pikeun kajadian satuluyna atawa hiji kajadian nu aya di tungtung téh mangrupa hiji balukar tina hiji kajadian nu aya di awal. Sedengkeun alur konvénsional nya éta alur anu dieangun dumasar kana runtuyan kajadian anu teu ngéntép seureuh. Tapi sok sanajan kitu lain hartina alur konvénsional teu ngabogaan aturan nu tangtu, saupama ditilik saliwat mah alur konvénsional téh siga nu teu tangtu tapi saupama ditilik leuwih jero wangun alur siga kieu téh di jerona mah ngéntép seureuh.
d. Amanat
Amanat téh nya éta pesen anu hayang ditepikeun ku pangarang ka nu maca. Réréana amanat dina drama téh nyamuni di satukangeun alur carita. Urang bakal nyaho atawa bisa nangkep amanatna sanggeus réngsé maca, atawa lalajo pintonanana. 

7 komentar: