Kumpulan dongeng-carita rakyat Sukabumi


CARITA RAKYAT MASARAKAT SUKABUMI

Gununglingkung jeung Cicurug Pamerangan
Gunung Lingkung ayana di kaléreun Jampang Kulon, kiduleun Léngkong. Dina taun 1930-an nepi ka taun 1942, Gununglingkung  masih kénéh leuweung geledegan nu pinuh ku tatangkalan baradag tur raweuy ku areuy. Kiwari loba tangkal baradag tinggal tunggul balas dituaran ku jalma. Padahal saéstuna masarakat Jampang Kulon mikabutuh Gununglingkung. Naon sababna?
Subur makmurna Jampang Kulon gumantung Gununglingkung. Sawah nu aya di Jampang Kulon caina ti wahangan nu ngamalirna ti Gununglingkung. Ieu cai ngamalirna ka belah kidul, nya éta ka Cikarang jeung Ciwaluran. Ciletuh ngamalirna ka belah kulon nyaian sawah nu aya di Ciwaru, Ciemas.
Wahangan nu aya di beh kalér ngamalirna ngaliwatan Kacamatan Léngkong nu brasna ka sagara kidul nya éta; wahangan Ciléngkong, Cikalér jeung Cikaso. Ciléngkong jeung Cikalér bobojongna di Cikaso. Sok sanajan di hilireun Cikaso caina teu diamalirkeun pikeun nyawah, tapi loba méré manpaat pikeun masarakat Jampang Kulon. Harita mah di wahangan téh loba laukan, malah buhaya ogé nyampak, malah saupama meunang buhaya, kulitna téh sok diala tuluy dijual ka Jakarta. Harita Wahangan Cikaso digunakeun keur jalan cai dina ngangkut hasil bumi ti Muara Gedé nu dijualna ka tempat séjén.
Hanjakal, kiwari Gununglingkung geus gunul balas dituaran ku jalma, balukarna karasa pisan ku masarakat nalika nyanghareupan usum halodo. Dina taun 1976, kungsi wahangan saraat tug nepi ka ratusan héktar sawah nandangan kagaringan.