CARITA
RAKYAT MASARAKAT SUKABUMI
Gununglingkung jeung Cicurug Pamerangan
Gunung Lingkung ayana di kaléreun Jampang Kulon, kiduleun
Léngkong. Dina taun 1930-an nepi ka taun 1942, Gununglingkung masih kénéh leuweung geledegan nu pinuh ku
tatangkalan baradag tur raweuy ku areuy. Kiwari loba tangkal baradag tinggal
tunggul balas dituaran ku jalma. Padahal saéstuna masarakat Jampang Kulon
mikabutuh Gununglingkung. Naon sababna?
Subur makmurna Jampang Kulon gumantung Gununglingkung.
Sawah nu aya di Jampang Kulon caina ti wahangan nu ngamalirna ti
Gununglingkung. Ieu cai ngamalirna ka belah kidul, nya éta ka Cikarang jeung
Ciwaluran. Ciletuh ngamalirna ka belah kulon nyaian sawah nu aya di Ciwaru,
Ciemas.
Wahangan nu aya di beh kalér ngamalirna ngaliwatan
Kacamatan Léngkong nu brasna ka sagara kidul nya éta; wahangan Ciléngkong,
Cikalér jeung Cikaso. Ciléngkong jeung Cikalér bobojongna di Cikaso. Sok sanajan
di hilireun Cikaso caina teu diamalirkeun pikeun nyawah, tapi loba méré manpaat
pikeun masarakat Jampang Kulon. Harita mah di wahangan téh loba laukan, malah
buhaya ogé nyampak, malah saupama meunang buhaya, kulitna téh sok diala tuluy
dijual ka Jakarta. Harita Wahangan Cikaso digunakeun keur jalan cai dina ngangkut
hasil bumi ti Muara Gedé nu dijualna ka tempat séjén.
Hanjakal, kiwari Gununglingkung geus gunul balas
dituaran ku jalma, balukarna karasa pisan ku masarakat nalika nyanghareupan
usum halodo. Dina taun 1976, kungsi wahangan saraat tug nepi ka ratusan héktar
sawah nandangan kagaringan.